Kamis, 15 Juli 2010

BUDI – DAYA ( 2 )


HAL PATIKAHAN
Karuhun baheula ari ngucapkeun Al-Fatihah teh pokna sok HAL PATIKAH , tapi ari maksudna mah teu beda cara urang ayeuna bae, nya eta nyebut (muji) asmana Pangeran anu ngagaduhan sipat welas jeung asih, ari pangna nyebut kitu teh Karuhun mah “enya” enggeus nyahona teh yen Pangeran ngagaduhan sipat welas jeung asih, nya-eta bukti ku ayana dunya katut pangeusina nu salawasna dilahir mah dipikabutuh ku sakabeh mahluk keur kaperluan dirina, tah eta kamurahannana. – ari anu awisna, nya-eta nu teu beunang di jiga-jiga, teu beunang di tunjuk ku curuk, teu beunang dicaritakeun, bukti ayana teh ku wujudna, saperti: Pangawasa, Pangersa, Elmu, Hirup, Rungu, Tingali jeung Ngandika-Na nu wujud di badanna (kamurahannana) . . . . . Sanajan ieu katerangan sakieu saeutikna, meureun urang moal arek mungkir deui yen eta teh wujud: sarta lamun ku urang diabsen hiji-hijina dina badan urang bakal ngajawab, yen enya wujud ayana, saperti :

NU KAWASA ? . . . . . . . . .   aya !  da lamun euweuh nu kawasa mah sanajan boga awak  sagede  munding 
                                                         oge , moal bisa nangtung-nangtung acan.
NU  KERSA ? . . . . . . . . . . .   aya ! da lamun euweuh nu kersa mah urang teh moal hayang usik-usik acan.
NU UNINGA ? . . . . . . . . . .   aya ! da lamun euweuh nu uninga mah urang teh moal boga kanyaho !
NU HIRUP ? . . . . . . . . . . . .   aya ! da lain golek, teu kudu dirupkeun ku batur !
NU NGARUNGU ? . . . . . . .  aya !  teu kudu make denge batur !
NU NINGALI ? . . . . . . . . . .  aya !  teu kudu make awas batur !
NU NGANDIKA ? . . . . . . . . aya !  teu kudu make ucap batur ! Karana lamun sagala kumaha batur,   ku-
                                                          maha kuring ?
Ieu kabeh netepkeun sadayana puji ka Pangeran dina wujud jeung ayana.  
BISMILLAHI  nu awisna                                 =  wujud
ROCHMAN ROCHIM kamurahannana          =  aya
[ wujud aya, awis-mirah ti Anjeun-Na]

Anu matak aya tikah, nya asal tina tepung wujud cinta pada cinta di dunya (dunya aya) nu di tepungkeun ku nu Maha Mulya, contona :

Moal K.N. Adam tepung sareng Babu Hawa upama teu lahiran teu batinan, jeung dibarengan ku silih pikawelas-silih pikaasihna (sir – pada – sir). Jaman K.N. Adam sareng Babu Hawa geus putraan, nepangkeun putrana nu pameget ka nu istri, eta kudu kasaksi heula ku ibu ramana, sarta kudu dididik kumaha jalanna cinta (lain bogoh bae!) sarta sing nyaho kanu Kawasa dina dirina, nu asal ti Nu Maha Mulya.  Perjangjian hareupeun indung – bapa.

Sanggeus Alam dunya loba eusina, ku ayana gunduk-gundukan (kaum-kaum) nya kudu nikah di kaum, sangkan kasaksi ku kaumna, netepan adat kaumna/bangsana.

Rukuna :

  • 1.      Panganten lalaki
  • 2.       Panganten awewe, tegesna nu di anti-anti (pangantian) sangkan panganten salamet salawasna bisa nyumponan kanu ka :
  • 3.       Ijab kabul, waktu maranehna tepung mimiti, waktu hareuppeun kolotna, sarta geus jarangji arek silih pikanyaah.
  • 4.       Saksi urang kaumna.
  • 5.       Wali nya kolotna pisan pikeun ngawalian carana anu Kawasa ka anak dina waktu harita.
    Alam dunya ayeuna geus diatur ku Ratu (wawakil Pangeran di dunya) sangkan mulus rahayu, berkat salamet nagara katut pangeusina, Panganten, babaku panganten lalaki, kudu jangji ka nagara ku neken dina surat kawin, nu maksudna supaya salamet ka nu disalametkeun katut nyalametkeunnana.
    Tah sakitu bae HAL PATIKAH mah.

    BISMILLAHI : sadaya puji kangge Pangeran, kabeh geus wujud ayana nyata ka-awisannana.
    RACHMAN-RACHIM : ieu dunya katut paneusina, kabeh anu diayakeun, nyata Kamurahannana.

    sambungannya

    Tidak ada komentar:

    Posting Komentar

    Ngening