Sabtu, 22 Mei 2010

JALAN KA MAKRIFATAN KA ALLAH TA’ALA (2)

Antal maotu qoblal maotu
Jadi geuning akherat asal urang teh, kudu dikanyahokeun jeung kudu dianjangan ti ayeuna, supaya engke ulah nyasar deui, paeh palatat polotot, jeba jebi, larak lirik neangan jalan.

Jalan-jalana marifat ka Allah ta’ala
Ari jalan2na Marifat ka Allah ta’ala eta nya dua jalan, aya anu ti handap ka luhur jeung aya nu ti luhur ka handap.

Ari anu ti handap ka luhur , nyaeta anu masantren heula, ngaji kitab qur’an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara, tah anu kitu teh ibadah keur jalan marifat ka Allah ta’ala, tapi hanyakalna lolobana mah tara ditepikeun kana marifatna, lantaran kaburu betah, kaburu ngeunah dina asma, tegesna geus ngarasa nikmat dina panunjukna, padahal upama diteruskeun marifat kana dzat sifat Allah ta’ala, piraku teu undak kanikmatannana, da geuning karek dina asmana wungkul geus sakitu kanikmatannana.

Ari jalan anu ti luhur ka handap nyaeta anu nyumponan dalil tadi, Awalu dinni marifatullohi ta’ala, jalanna lain tina masantren wungkul tapi kudu jeung daek ngisat diri nyaeta kudu daek tirakat, kalawan kudu daek ikhtiar neangan pigurueunnana, nyaeta guru anu Mursid, sabab moal weruh tanpa guru, kusaba eta mana ku urang anu kudu sisusul? Teu aya deui lian ti tarekatna para Wali  nu kudu disusul, saba eta anu bisa tepi Marifat kana sifatna Allah ta’ala anu kasebut Johar Awal tea, nyaeta hakekatna Muhammad tea, da piraku teu aya lelebarannana pikeun urang sarerea, sabab tadi oge para Wali pangna sakitu poharana tatapa teh pikeun ngabela umat2na Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah ta’ala, kusabab kitu hayu urang pada tareangan eta tarekat para Wali teh, sabab upama teu buru-buru kapanggih tangtu urang moal bisa baralik deui ka asal, pasti nyawa urang bakal marakayangan atawa nitis menitisan, balik deui ka dunya kana barang anu beunang ku rusak deui, moal bisa nyumponan kana Dalil.

Inna lillahi wainna ilaihi rojiun
Sundana : Asal urang kudu balik deui ka Allah, kusabab kitu tangtu sarerea oge meureun pada bingung keneh, pada-pada percaya oge, lantaran urang pada teu ngarasa tadi inditna ti Allah, turunna ka alam dunya, tapi kusaba aya dalilna kitu, gancang bae ngaku yen urang asal ti Allah, tapi ngakuna teh sesemet biwir bae, kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kufur kafir karena henteu percaya kana dalil, tapi hatena mah keukeuh poek teu kaharti, kusabab teu karasa. Kusabab eta anjeunana pribados rek mere penerangan saeutik, malah mandar tiasa percaya jeung karaosna, urang tadi asal ti Allah teh. Kieu katerangannana urang papay tihandap supaya kaharti kuakal.

Mimiti urang tumarima asal timana? Nu kaharti jeung ku umum urang teh  kaluar asal ti Indung, terus papay deui kaluhurna, ari indung urang asal timana, tangtu indung urang asal ti Nini, ari nini asal timana? Teu sah deui asalna kalur ti Buyut, ari buyut asal timana? Nya asalna kaluar ti Bao, ari bao asal timana? Nya asal kaluarna ti Jangawareng, ari jangawareng asal timana? Tangtu kaluar ti Udeg-udeg, ari udeg-udeg asal timana? Tangtu asalna kaluar ti Kakawit Siwur, saterusna kitu bae, ti indung deui – ti indung deui tepi ka Babu Hawa, ari Babu Hawa asal timana? Ku sakaol ceuk hadis asal Babu Hawa teh tina iga burungna Nabi Adam, ari nabi Adam asal timana? Diterangkeun ku hadis, asal nabi Adam teh asal tina Aci Bumi, seuneu, cai, angin, ari Aci Bumi, seuneu, cai, angin asal timana? Diterangkeun deui ku hadis, asalna tina Nur Muhammad, nyaeta cahaya opat perkara.

1.       Cahaya Hideung hakekat Bumi
2.       Cahaya Bodas hakekat Cai
3.       Cahaya Koneng hakekat Angin
4.       Cahaya Beureum hakekat Seuneu

Ari Nur Muhammad asal timana? Eta oge diterangkeun ku hadis asal tina Nur na Maha Suci, nyaeta tina Johar Awal, tah semet eta buntu, sabab geus diterangkeun ku hadis jeung Qur’an eta Johar Awal teh bibit tujuh Bumi, tujuh Langit sarawuh eusina kabeh, jadi ana kitu tadi yen dalil asal ti Allah teh, nyaeta asal tina Johar Awal tea, sifatna Caang Padang, nyaeta gulungna Dat jeung sifatna nu Maha Suci, kakara jeneng Asma Allah.

1.       Cahaya beureum jadi hakekat lapad Alip
2.       Cahaya Koneng jadi hakekat lapad Lam Awal
3.       Cahaya bodas jadi hakekat lapad Lam Ahir
4.       Cahaya hideung jadi hakekat lapad He
5.       Johar Awal jadi hakekat lapad Tasjid

Kitu kateranganna teh, jadi eta cahaya anu kasebut di luhur teh anu disebut Ismudat tea, hartina Asmana datlaesakamislihi atawa Asmana anu Maha Suci, ceuk anu ahli padikiran mah Latifah tea, tah engke teh kudu bisa balik deui ka dinya. Numatak kacida wajib dikanyahokeun ti ayeuna, geura susul tarekatna anu bisa miceun hisabna atawa pipindingna anu jadi moekan kana eta Dat sifatna Ta’ala , sing papanggih jeng hakekatna Tajid Muhammad, anu aya dina wujud pribadi, tah eta kunci Muhammad anu bakal bisa ngaburak-barik hisabna ka Allah ta.ala. Upama kapanggih   insya Allah tangtu urang bakal bisa nyumponan kana babasan mulih ka jati pulang, nyaeta nu mulih ka Jati teh balik deui kana rasa tadi keur aya dina Nurullah   (Johar Awal). Ari anu pulang ka asal nyaeta jasmanina ngajadi asal deui, nyaeta ngajadi Nur Muhammad, cahaya opat perkara deui, beureum, koneng, bodas, hideung, samangsa-mangsa balik ka asal, ngarana sampurna, hartina beak beresih, beak rasana, beak jasmanina.

Mimitina mun rek neangan Pangeran
Aya dawuhannana Kanjeng Nabi Muhammad SAW :

Man tolabal maolana bigoeri nafsihi faqodolla dolalan baida
Sundana :  Saha-saha manusa neangan Pangeran ka luar tina dirina sorangan, mangka temen2 eta si jalma kasasar, karana dina tekadna ngarasa leuwih jauhna jeung Allah ta’ala, padahal aya dalilna:

Wanahnu aqrobu ilaehi min habil warid
Sundana: Aing geus teu aya antarana deui jeung maraneh sakabeh, sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung beuheung. Maraneh pribadi oge masih deukeut keneh maneh jeung Aing. Anu matak manusa leuwih dimulyakeun ku Allah ta’ala, kapan ceuk hadis oge kieu :

Walaqod karomna bani Adam
Sundana: Kami geus ngamulyakeun pisan ka anak putu Adam, malah aya deui dalilna :

Laqod holaqnal insana fiahsani taqwim
Sundana: Manusia teh pangalus-alusna jeng pang aheng2na ti sasama mahluk Allah ta’ala, geura lamun maneh geus nyaho kaayaan dina jero diri maneh ssorangan,  tangtu engkengarasa ka-ahengannana anu aya di badan sorangan. Aya deui dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW :  (bersambung)

11 komentar:

  1. TULISAN yang menarik.saya pernah baca buku layang muslimin muslimat jilid 1.smuanya sampai saya sakit dan mengalami yang orang bilang "mati suri"mohon petunjuk apa ada yang salah dengan yang saya baca.trima kasih by ASEP BAJA

    BalasHapus
    Balasan
    1. tidak ada masalah cuma kitab itu sebenarnya kusus ihwan haqmaliyah kalau belum menjadi ikwan seharusnya tidak usa dibaca karena awal dan akhirnya tidak tahu

      Hapus
  2. Tidak ada yg salah dg apa yang anda baca. Anda sakit mungkin disebabkan oleh penyakit yg dokter ahlinya atau anda serius sekal mau menjalankan Layang ini yaitu salah satunya kudu bisa paeh samemeh hirup. Batin anda belum siap anda harus berguru dulu pada Guru Mursid. Siapa guru mursid? Tak lain tak bukan adalah Sifat Allah. Contohnya anda hrs Rohman dan Rahim, anda hrs MELANGGENGKAN sifat NU HADE dst.

    BalasHapus
  3. ITUS SALAH NULIS LAKOD HOLAKNA FIAKSANI TAQWIM BUKAN FIAHSABNI

    BalasHapus
  4. Assalamu'alaikum..saya punya buku yg persis sepeti tulisan di atas,tapi dapat ngasih dari Al marhum dan bukan asli hanya ketikan manual dari thn 1982..Kalo boleh tanya apakah ada kitab aslinya...

    BalasHapus
    Balasan
    1. sepertinya kitab itu karangan guru besar haqmaliyah dengan cara ditulis tangan diruba diketik....

      Hapus
  5. Aslinya Muslimin muslimat penulisnya kakeknya Ki Dudung

    BalasHapus
  6. Saya pernah punya buku ini dalam tulisan tangan..

    BalasHapus
  7. Salam buat rekan-rekan Makrifatulloh Haqmaliyah.

    BalasHapus
  8. tulisan nya copas dari buku, bagus tp dalilnya ga ada sanad dan perawinya kalau yg dibilang dari nami muhamad, jadi masih perlu perbaikan lagi, apalagi kalau baca bukunyu poto copiannya, kurang rapi

    BalasHapus

Ngening