Minggu, 18 Juli 2010

SASTRA JENDRA AYU NINGRAT ( Budi Daya 3)

Mei Kartawinata
Tulisan Nu Maha Agung, tegesing bahan salamet di sakabeh Alam jeung Jaman katut anu ngajamananana, lamun bener migawena.

SASTRA
Hartina tulisan, sakabeh anu dumadi, anu kumelip di Alam dunya, estu geus hurup teu aya cawadeun-nana, sarta kabeh kersana Nu Maha Agung, anu matak bangsa urang ti jaman Karuhun mula geus percaya sarta muji ku milampah kahadean sangkan diri jeung lianna (pangeusina dunya) pinanggih jeung rahayu.

JENDRA
Hartina wujud ayana Nu Maha Agung teu bisa dipapandekeun sanajan jeung naon-naon oge, ari bangsa urang percaya yen ayana Wujud Nu Maha Agung (Hyang Agung) nya eta ku ayana Para Hyangan anu teges asalna ti Hyang Agung tea.

HYANG
Hartina Abdi Gusti (nu asal ti Gusti). Para Hyangan hartina Abdi-abdi Gusti nu arasalna ti Gusti. Gusti teh asalna Abdi Gusti sadaya.

Nu nyaho sarta nyaksi yen Gusti teh Wujud anging Abdi anu wujud tur tetep Wujud di WujudNa.
Nu nyaho sarta nyaksi yen Gustina teh : henteu dat, henteu sipat, henteu arah jeung henteu anggon, (laesa kamisilihi?). Anging Abdina anu teu dat, teu sipat, teu arah jeung teu enggon (billa haeffin billa makanin ?)

Saha ari Abdi teh ? . . . Nu ngabdi ka Gustina !
Saha ari Gusti teh ? . . .Nu Maha Agung !
Saha anu nyaksi sarta nyaho yen Gusti teh Wujud ? . . . Abdi-Na !
Saha anu uningaeun ka Abdina ? . . . Gusti !
Kumaha nyatana yen Wujud-Na ari Gusti ?
Ari kanyataannana mah di Abdi-Na (nu wujud di Gusti).
Ari Wujud-Na mah kunyata Murba-Na !
Kumaha nyatana jeung kumaha Murbana teh ?
Gusti teh Hyang Agung, nu jadi asal Para Hyangan !
Hyang Agung teh nya hyang Widi (Anu Kuwasa) bukti: Kawasana dimana-mana !
Hyang Widi teh nya Hyang Suksma (Anu Kersa) bukti : Kersana di Hirup.
Hyang Suksma teh nya Hyang Manon (Anu Uninga) bukti : Uninga sakarep-karepna !
Nya Hyang Agung asalna Para Hyangan, Hirup-Na hanteu nganggo napas, Rungu-Na hanteu nganggo cepil, Ningali-Na hanteu nganggo soca, Ngadika-Na hanteu nganggo baham.


Anu matak Para Hyangan mah :
tara mi-Allah ka: Pangeran anu diuk dina korsi gading
tara mi-Rasul ka Nu sok maot
tara mi-Kitab ka Nu sok soeh
tara mi-Malaikat ka Nu jangjangan
tara mi-takdir ka Nu alah-alihan
tara mi-Milu ka Nu sok paeh (rusak)

KURING DI DUNYA NGUMBARA
Pangumbaraannana nyaeta ieu Dunya gede (Kabir). Sanggeusna Kuring aya di pangumbaraan lila-lila Kuring boga kanyaho serta nyaksi kaayaannana  sabagian tina ieu dunya gede,  ari parabot kuring pikeun nganyahokeunnana nya make diri (badan anu kumplit sarta sehat), saperti :

Panon keur kuring nenjo dunya
Ceuli keur kuring ngadenge dunya
Sungut keur kuring ngomong dunya
Irung keur kuring ngambeu dunya
Leungeun keur kuring barang cokot dunya
Suku keur kuring leumpang di dunya

Jeung sajaba ti eta estu pepek kersaning Nu Maha Agung mi-asihna ka kuring, maparin bekel keur waktu kuring ngumbara di dunya gede (Kun paya kun).

Ngan bae sanggeus kuring boga kanyaho sarta nyaksi kaayaan dunya jeung adat istiadatna, kuring wajib ngaraksa diri nu jadi gids (bekel kuring = pamajikan sapanjang ngumbara di dunya)
  1.   Nyaho kana aturan Drigama sangkan salamet diri
  2. Tetep dina agama kuring sangkan kangaranan Innalillahi (pasrah ka Gusti kuring) Wa (jeung) Inna iIllahi rojiun (tunggal jeung Gusti)

Drigama mah keur umum ari agama  keur Para Hyangan (anu teu umum)


 PERINGETAN KURING KEUR KURING !
Ari harti Agama nya-eta patokan nu tetep, nu teu beunang dirobah deui, mun dina basa Arabna nyaeta takdir ti nu Maha Suci nu geus teu bisa diongget-ongget deui.

Seuneu sarerea asalna ti Panon-poe.
Cai sarerea asalna ti Laut
Napas  sarerea asalna ti Angin
Taneuh sarerea asalna ti Bumi
Acina seuneu ngajadi daging
Acina cai ngajadi balung
Acina angin ngajadi kulit bulu
Acina bumi ngajadi saeusina badan


Daging-balung-kulit bulu  saeusina ayeuna geus ngajadi badan. Badan teh nya badan sarerea bae, jadi sidik yen enyana Badan urang  teh urang Dunya, sabab badan jeung sapuratina asal tina Dunya. Ari kuring asal ti Gusti Nu Maha Suci. Anu matak ceuk ilahar mah kurin teh di dunya mah disebutna ngan sakadar ngumbara.

Badan teh aya badan sarerea bae, jadi sidik yen enyana badan urang teh urang dunya, sabab badan jeung sapuratina asal ti dunya.

Ari kuring asal ti Gusti Nu Maha Suci. Anu matak ceuk ilahar mah kuring teh di dunya mah disebutna ngan sakadar ngumbara.

Ari Pangumbaraan nya ieu dunya! Dunya gede (dunya kabir).
Ari pamajikan (pangcicingan kuring) nya dina diri nu asal ti dunya tea, anu matak diri teh disebutna dunya leutik (dunya sagir).

Ari diri teh nyaeta parabot atawa nu nganteur kuring sapanjang aya di dunya gede, nepikeun ka waktu ieu kuring bisa boga kanyaho jeung nyaksina sakabeh nu kapanggih jeung karasa di dunya ku panganteurna diri, anu matak lamun kuring teu bisa mikanyaah ka diri nu geus nagnteur kana kahayang jeung nganteur salawasna ngumbara di dunya gede, atuh kuring teh kacida pisan erana, era ku dunya, era ku diri, komo kuring teh asal ti Gusti Nu Maha Suci, sok asa piraku mun talajak kawas anu asal ti setan.

Kuring ayeuna geus nyaho jeung nyaksi (Isun angawruhi lan Isun anakseni) : yen di dunya mah geuning disebutna oge alam papasangan, da bukti lamun aya kecap panjang, aya pondok, aya gede aya leutik, aya awewe aya lalaki, jeung satuluyna, anu matak pantes lamun keur waktu kuring aya di dunya mah kudu make kana kalimah kalih (kecap dua), cindekna bisa nyaho jeung nyaksina, nu kumaha nu disebut panjang jeung nu kumaha anu disebut pondok, jeung satuluyna.

Lamun kuring geus bisa misahkeun anu kumaha anu panjang jeung kumaha anu disebut pondok, eta hartina geus boga pamilih. Lamun geus boga pamilih, sarta milihna keur kasalametan diri jeung umum, kakara kuring disebutna geus bisa nyekel kalimah kalih, warisan ti luluhur urang baheula.

Ari keur milihna? nya-eta diri tea ! Lamun kuring geus ngarti yen parabotna keur milih teh, nya Diri kuring, atuh wajib kuring sarerea daek ngaraksa jeung merlukeun kaperluannana diri, sabab anu nyaho kaperluannana diri, boh laparna, ausna, nyeuri peurihna, genah jeung ngeunahna ngan kuring.

Tah sakur nu daek mikanyaah ka dirina eta hartina sarua jeung Nyembah ka Hyang Widi, ari any nyembah ka Hyang Widi, eta ngarana Sembah-Hyang.

Lamun kuring geus nyekel Kalimah-kalih (boga pamilih) sarta Sembah-Hyang (mikanyaah ka diri) anu tangtu bakal ngarti yen salamet teh jalanna lain wungkul ku diri sorangan, tapi ku sarerea, atuh kudu daek nulung kanu sejen (diri batur) sabab lamun euweuh diri batur, kuring di pangumbaran teh moal sugema. Lamun kuring geus nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, nganteur kanu keu’eung, jeung nuduhkeun ka nu teu nyaho eta hartina sarua jung Ngaji Rasa.

Lamun kuring jeung diri sarerea geus marigawe kitu, di Dunya teh tangtu Rukun, munggah jadi hiji di Pangumbaran (Duna Gede = kabir) Baeth-ulah nu dijadikeun ku Kersana Pangeran Nu Maha Agung.

Tah kitu agama Para-Hyangan anu asalna ti Hyang agung! Hyang Widi nya Hyang Suksma, nya hyang Manon, tea. PARA hartina Sakur (sakabeh) HYANG hartina Nu asal ti Gusti. Jadi hartina Para-Hyangan teh, sakur/sakabeh nu asal ti Gusti, anu ayeuna baroga pamajikan (patempatan) dina diri (Sunda). Sunda (dunya sagir) nu asalna ti Pasundan (dunya kabir).

Pasundan Hirup !
Sunda teges Nu Hirup !
Mun Pasundan henteu hirup, moal aya pangeusina ! bau !
Mun Sunda lain nu hirupna tangtu Pasundan jadi leuweung loba sato galak !
Nu ngahirupkeun : Hyang Agung
Nu dihirupkeun : Pasundan
Nu hirup : Para-Hyangan
Nu hirupna : Sunda (teges)

PATOKAN PARAHYANGAN
1.       Kalimah kalih (boga pamilih)
2.       Sembah-Hyang (nyaah ka diri).
3.       Tulung tinulungan (nyaah ka diri batur)
4.       Ngaji Rasa
5.       Rukun


KAPERCAYAAN PARAHYANGAN
1.       Percaya tur nyaho ka Hyang Agung
2.       Percaya ka Kuring nu asal ti Hyang Agung, jeung prak migawe            cara anu Agung (Nata)
3.       Percaya ka nu karasa (luang)
4.       Percaya ka nu melekaken (ngahudangkeun) tekadna
5.       Percaya kana takdir (patokan agamana)
6.       Hirup taya anggeusna ! [Pasundan ti baheula tepi ka ayeuna                hirup, diareusian ku nu Hirup]


6 komentar:

  1. Sampurasun Ua Semar, nyuhunkeun widi kangge copy paste. Hatur nuhun

    BalasHapus
  2. Rampes sedulur, nyumanggakeun, mugi uwa lurah ngomplitan paninggalan leluhur teh.

    BalasHapus
  3. allhamdulih ki semar abdi mah masih aya nu ASLINA Di sepuh abdi....
    ngan teu wantun pami di tingalkeun ka publik teh.. bilih janten masalah kos nu kapungkur anak buah eyang abdi..

    BalasHapus
  4. mugi dipedar teu kacampuran kubasa nu ceuk rarasaan sorangan.
    pami medar tina saduran buku, mugi teu aya nu ditambihan komo dikirangan.
    pami medar tinu pangalaman nyalira mugi di bewarakeun.
    bilih ieu mah bilih.
    punten sateuacanna.
    mugi2 tiasa tepang dikieuna sareng nu nyerat urang ngadu baqo.

    Hal Patikahan "alfatihah"
    Patokan Parahyangan.
    Layang muslimin Muslimat.
    Dongeng Kuring
    Pulan Palin
    Angling Yakin
    :)
    Matur Nuhun !

    Mugi Tiasa Ka af'alkeun dina laku sapopoe.
    piduana kasarerea.

    BalasHapus

Ngening