Rabu, 14 Juli 2010

BUDI – DAYA ( 1 )

Naon ari hartina Budi – Daya ?
BUDI teh hartina gerakna badan lemes (batin) anu hade, jeung ari hartina DAYA nya-eta gerakna badan badag (lahir) anu kagerakeun ku badan lemes tea, sarta anu bisa kasaksi ku panca-dria.

Ari Karuhun urang aya Budi-Dayana ?
Puguh bae ……… karena budi-dayana karuhun, ku urang moal bisa dipungkir deui, saperti: ku bukti “salametna” ti mimiti urang dikandung ku indung nepi ka waktu iue pisan (maca ieu buku) teh wungkul (gegedena) jasa indung-bapa urang; karana moal aya hiji makhluk Pangeran di alam donya ieu anu boga jasa keur kasalametan anak, nu leuwih ti indung-bapana. Ku lantaran kitu sok sageuy sakur nu geus ngarasa ma, arek mungkir kana budi-dayana indung-bapa; nyaeta oge anu mikanyaah di alam donya ieu teh, tapi ari leuwih (bisa ngaleuwihan) ti indung-bapa mah, mohal aya !

Lamun geus karasa, atuh wajib urang rumasa sarta ngaku yen “enyana” mohal urang bisa kumelendang ngumbara di alam donya ieu lamun euweuh bida-dayana indung-bapa; ngan palebah dieu urang oge kudu nyaho “mohal aya indung-bapa lamun euweuh budi-daya nini-aki” –“mohal aya nini-aki lamun euweuh budi-dayana buyut” jeung saterusna tepi ka ayana budi-daya ti karuhun urang anu oge dijadikeun ku Kersana Anu Maha Mulya !

Ayeuna oge bisa dibuktikeun “Budi-Daya karuhun teh, saperti: keur kaperluan hirup jeung hurip di urang estu euweuh kakurangannana. Keur tatali hurip (dahareun-inumeun) lamun kaharti mah, asa mohal kudu nguyang !
Keur hirup? Kapan anggahota badag-lemes sakieu cukupna, asa mohal kudu nanya atawa nginjeum ka hirup batur!

Lamun urang teu percaya atawa acan harti keneh, geuning aya sindir kieu :
Loba anu nyukcruk leuwi neangan cai, hartina: eukeur aya dina tempatna, naha make diteangan?
Neangan kejo, mawa sumbul dieusi sangu, hartina: kari prak – naha bet ngapraak ?
Neangan seuneu kundang damar, hartina: terang-Na geus aya dina dirina, tapi hayoh masih nanya (butuh) ku katerangan batur (ceunah)!
Ari butuh dunya ulah nanya kanu miskin !
Ari nanya lahir batin, ulah nanyakeun ka jelema nu teu nyahoeun kana dirina !
Nu kumaha ari anu miskin teh?
Ari anu miskin teh nya-eta anu salawasna ngarasa kurang jeung butuh bae (euweuh kaseubeuhannana), ceuk Jawana :
“Pandita ora wareg dening ilmu”
“Saudagar ora wareg dening dunya”
Tah tinu kitu timbulna (ayana) MA-pipitu teh saperti : Maen – Maling – Minum – Madat – Madon – Mangani – jeung Mateni, ana geus migawe MA PIPITU, nyaeta hartina sarua jeung geus poho ka dirina, geus teu nyaho mana lahir jeung mana batin, alias geus mabok, ari mabok hartina geus poho kana purwa-daksina, purwa (asal), daksina (wekasan) jauh tina kecap inna Lilaihi (Kaulaning Gusti) – komo kana kecap Wa (jeung) Inna Lillahi (Kaula anu pasrah ka Gusti) mah,………. Teu cara Karuhun !

Geus sabaraha rebu tahun pasrahna ?

Geus ngamulyakeunnana bukti, sakabeh turunannana dijaga-dijaring beurang jeung peutingna sangkan ulah kurang dahar jeung pakena sarta sing bisa narima tamu jeung sapuratina, pantes mun kasebut ROJIUN (tunggal pangawasana), ku geus prak bisa ngamulyakeun deui ku kamulyaannana ka sakabeh makhluk Tuhan sarta teu mandang ka kolot ka budak, ka awewe ka lalakiestu teu ngabeda-beda ! Tapi ari ceuk anu mabok mah pajar Karuhun urang teh teu beda jeung sato ! …… Tapi sakiyuna deui keun bae ulah arek dipake hate, da nu kitu mah hampuraeun, ku teu nyahoeuntea, jeung keur resep tuturuti, resepna nurutan batur, mun henteu katurutan boga rasa henteu pinter, kajeun dal hurip ti karuhun beak pisan sigana teu ngitung rugi, dapon maksudna katepi, katepi ceuk angkeuhannana, padahal katurutan mah batur teh mohal, paling untung ukur tepi kana JIGA, ari jiga tea eta sidik “LAIN” pisan. Tuluyna: hirupna euweuh pangaji, siga jalma anu nurut, ngandelkeun wungkul ti batur, hirup siga nu numbila budi-dayana karuhun karimbunan kapoekan, tepi ka geus poho deui, mi karesep kanu anyar, tipu-daya dipiboh, mun bisa nipu ka batur boga rasa aing pinter, jeung teu boga rasa dosa. Tah nu kitu ngarana bangsa titiron (palsu). Malsu kana kanyahona pribadi, ku hayang-hayangna jiga teu mikirkeun eukeur engke, sumawona inget kanu bakal datang, nya-eta anak incuna nu bakal gumelar pandeurieun manehna, estu jauh jeung Budi-Daya karuhun; ka anak incu teh anggur mere jalan sina NIPU-DAYA, teu hayangeun anak incu sina bisa ngarasakeun buah budi-daya karuhuna.

Lebah dieu teu beak ari pamenta mah, mugi-mugi eta anu nurut oge sing bisa pulih ka jati mulang ka asalna deui sangkan ulah jiga, sarta ulah ngawiwirang ka Karuhunna.

Ka-budian Ka-jalan ku Karuhun teh? , lamun ngaku, tah nu kitu hartina ngarasa Kabudayan Karuhun teh !

Ulah waka ngagogoreng lamun acan nyaho ! ( Ulah muji lamun ngarasa rugi ! ... Sabab euweuh deui anu wajib dipuji anging anu Maha Mulya nu geus ngamulyakeun ka nu sok aya jeung euweuh sapandeurieunnana !)

Anu matak lamun arek diajar naon bae, heulakeun heula nganyahokeun naon-naon anu geus diajarkeun ku kanyaho diri (pingpinan indung-bapa, warisan ti Karuhun urang), nya-eta: panjang–pondok – awewe –lalaki – kaler–kidul - gede-leutik jeung sajaba ti eta anu aya pasangannana, sabab lamun acan nyaho kana Kalimah-Kalih mah, moal boga pamilih, ana teu boga pamilih kanyahona sok tuturut munding, atuh acan baleg, ana acan baleg mah atuh ka drigama moal asup, sumawonna kana agama,da teu beda jeung bangsa orok beureum; hirup wungkul kasamaran.

Sagala teu jeung dipikir,
Sara teu panggih sarina,
Hirup siga ka sesered,
Diri taya pangajina,
Sosorod bagjana awak,
Beuki lila beuki surud,
Patina bleg nu kasarad.

4 komentar:

  1. kalau pada saatnya nyawa ini diminta Gusti dari raganya, maka saat itu nyawa harus menghadap Gusti dan raga ini sudah tidak berharga lagi. maka dari itu kenalilah Gusti, kalau engkau mengakui sebagai bangsa Jawa dan segala permintaanmu akan terkabulkan, dan jangan pula engkau buta dan silau di dalam kehidupan ini ikuti segala perintah Gusti ketentraman akan segera menghampirimu. Untuk itulah segera mengerti memahami dan mengamalkan arti yang terkandung di dalam HO NO TJO RO KO DO TO SO WO LO PO DHO DJO JO NJO MONG GO BO THO NGO

    BalasHapus
  2. HA NA CA RA KA : hananing cipta rasa karsa
    DA TA SA WA LA : datan salah wahyaning lampah
    PA DHA JA YA NYA :padahng jagade yen nyumurupana
    ma ga ba tha nga : marang gambaraning bathara ngaton

    BalasHapus
  3. Terimakasih atas komentarnya, kami mencoba mengumpulkan ajaran para leluhur kita agar tidak di lupakan dan mudah ditemukan.
    Ngelmu iku angel nek durung ketemu. Yen wes ketemu abot jaga ne.
    Rahayu3x

    BalasHapus
  4. allhamdulilah masih aya keneh geuning anu ngamumule kanyaho di karuhun teh....

    hatur nuhun

    BalasHapus

Ngening