Senin, 24 Juni 2013

BUDI DAYA (6)

DONGENG KURING
Kaleresan keur nuju aya waktos anu sae, di patapan WARUGAJATI, sang pandita JATIRASA kasumpingan ku hiji murid nu maksadna teu aya sanes kajabi ti bade tumaros tina sagala rupi hal anu perlu dikanyahokeun ku ki murid, saparantosna uluk salam sareng dicalikkeun ku sang Pandita numutkeun kana kabiasaan anjeuna, ki murid dihormat saaya-aya, disuguh ku budi parangi sae, estu teu ngabeda-beda kana martabat dunya, sanaos ka muridna oge ku anjeuna mah dipandang sami sareng ka bangsa anjeuna bae.  .....
Saparantos tuang-leueut sareng sabadana netepan, ki murid ku sang Pandita dicandak linggih deui ka bumi sareng ditaros bilih aya pamaksudanana anu perlu ditaroskeun ka anjeunna.

Ngawitan sang Pandita naros: “Lain kitu Isun (Isun teh jenengan ki murid), mama tadi geus ngadenge beja ti maneh , nerangkeun yen saahliwaris maneh anu araya di lembur, waktu maneh indit ka dieu aya dina kasalametan, eta mama henteu kurang-kurang nya ngahaturkeun rebu nuhun, Agungna ka nu KAWASA, ari jembarna mah nya ka nu ngalantarankeun, ngan bae naha maneh teh pang datang ka dieu ayeuna boga deui kaperluan anu sejen, sajabana ti manggihan mama?

ISUN : Dupi kaperluan mah kantenan seueur, nya eta ku jalaran padumukan sim abdi teh tebih ti salira, jadi anu tangtos upami aya hiji  soal anu teu acan kahartos teh, rada oge ngaraos sesah geusan tumaraosna, ku margi eta sakalian ayeuna sim abdi nuju rengse tina sok udarider, ping kalihna wireh tina ngaraos lami teu tepang sareng salira mama, nya teu aya sanes disuhunkeun sih hapunten mama sareng mugi kersa masihan pituduh jalan anu lempeng kangge nyungsi kasalametan.

PANDITA : Euh, Isun; ari tina perkara karepotan maneh ku mama oge geus teu rek dipaido, sabab mama oge nyaho ari maneh teh euweuh deui pagawean kajaba ti udarider; pikeun ngaulaan “lahir” maneh perlu meunang pamanggih sangkan meunang jalan keur kaperluan “jasmani” ; ngaulaan “batin”  nya maneeh perlu meunang pamanggih sangkan meunang jalan keur kasampurnaanana “rohani” ; ngan ayeuna mah kieu bae, mama rek carita, suga carita mama kumaneh beunang dipake OBOR anu nerangkeun barang mana anu WAJIB dipilampah , jeung barang amana nu TEU WAJIB di pilampah ku maneh, sugan sanggeus maneh nyaho mah, maneh teh moal arek daek ngaula ka nu teu wajib di kaulaan kumaneh, sabab eta balukarna matak cilaka jeung sabalikna maneh tuluy tumuluy daek ngaula ka nu wajib dikaulaan, anu balukarna matak salamet ka maneh tea.

ISUN : Euh mama, pihatur mama anu bieu ku sim abdi parantos karungu ku dua ceuli, sareng sateuacanna sim abdi henteu kirang-kirang nya ngahaturkeun rebu nuhun kana sih pawelas mama , sareng pamugi sim abdi dipasihan kakaitan  pikeun ngalampahkeunana, ku margi eta sumangga atuh ku mama enggal pedarkeun sareng pamugi ulah didingding kelir (disilokakeun) deui , supados gampil kahartos ku sim abdi.

PANDITA : Kieu gera, dina waktu ieu mah mama teh moal nyaritakeun “AWAL” jeung “AKIR” anu teu baris ka ilmu (kaharti) ku maneh; ari sababna palajaran eta mah ku maneh enggeus kabaca , seperti “AWALNA DUNYA” ceunah kitu-kitu-kitu, jeung “AKHIRNA DUNYA” ceunah: kieu-kieu-kieu ............ ari ieumah mama ngan rek nu baris manjing kana “KANYAHO” maneh kalawan nu bisa kasaksi ku akal pikiran maneh; tapi samemehna carita, rek aya nu baris ditanyakeun heula ka maneh, nyaeta kieu : ari maneh geus nyaho “BEDANA” dongeng jeung elmu?

ISUN : Bawarios sim abdi, dupi dongeng mah “nyarioskeun anu parantos kajanjenan atanapi anu teu acan kajantenan” sareng elmu mah sanes dongeng (beja ti anu sanes) namung estu anu natrat kauninga sareng kasaksi ku akal-pikiran pribadi.

PANDITA : Bener kitu, sukur maneh nggeus ngarti ka palebah dinya; ari cara mama mah pangna nanya kitu soteh taya lian lantaran loba jalma “TUKANG DONGENG” anu hayang disebut “TUKANG NGELMU” , samarukna ari elmu aya tukangna; jeung loba anu ngaku geus tutup elmuna, samarukna ari elmu aya tutupna.
Tapi sakituna deui kajeun maneh geus ngarti, moal weleh ku mama, sakalian nerangkeun mah nya rek nyaritakeun bae, naon ari hartina ILMU. Ari ILMU teh nyaeta hiji sifat Pangeran, anu perhatieunana “UNINGA” , ku sakitu oge maneh kudu ngarti “MOHAL” aya hiji mahluk anu tutup ilmuna, sabab anu tutup ilmu mah ngan Wujudna Pangeran, jeung “MOHAL” aya mahluk anu jadi tukang ilmu sabab anu jadi tukang ilmu mah ngan Anu Uninga (Aliman) nya ngan sipatna Pangeran keneh bae. Ari mungguh di mahluk mah kanyahona teh ngan sakadar kasipatan wungkul. Kateranganna kie:  Saparti maneh waktu gubragna ka alah lahir, gening di jasmanian dirohanian, ari anu disebut jasmani teh nya-eta anggahota lahir, jeung anu disebut rohani nya-eta anu ngusik malikkeun anggahota tea, tapi dina waktu harita (keur acan baleg) , maneh teh mun ceuk sompralna mah , boga panon acan nyaho nenjo, boga ceuli acan nyaho ngadenge, boga uteuk acan nyaho eling, boga ati acan nyaho mikir, boga sungut acan nyaho ngomong, boga sarap acan nyaho ngarasa, boga irung acan nyaho ngambeu, boga leungeun acan nyaho obah, jeung suku acan nyaho ngalangkah; tina kanyaahna  anu ngurus ka maneh, jasmani maneh diurus lahirna, jeung rohani maneh diurus budina, atuh ku ayana pangurus tea, laun-laun maneh teh sanggeusna baleg tuluy tina urusan lahir (dunya) maneh boga pangarti, sarta tina urusan batin maneh boga budi . . . . . .

Tah sanggeus aya eta budi jeung pangarti di maneh, tuluy maneh ngarasa boga ngaran “ISUN” tea, sarta oge tuluy “ISUN” ngarasa boga kawajibab sorangan kalawan teu kudu ditungtun deui kubatur pikeun ngamudi  sangkan lahir jeung batin maneh ulah pinanggih jeung  katugenahan, buktina Isun (pangarti jeung budi maneh) teu eureun-ereun udar-ider di barengan ku curiga sieun jasmani teu kaurus, sieun rohani dipake kana jalan anu teu pantes karena palebah dieu jadi bukti anu tetep, kajeun boga pangarti tur bisa maca kitab nanahaon oge, ari teu boga perasaan mah eta sarua bae jeung jelema TEU BERBUDI alis teu nyaho kana “KABATINAN” (komo ka Allah an mah!) sarta sabalikna kajeun Isun teu ngarti maca kitab oge, lantaran teu diajar tea, ari daek ngajalankeun parasaan hade mah eta sarua jeung nyaho kana “KABATINAN” ; nu matak sok aya carita kieu : Saha-saha anu nyaho kaperluan dirina eta sarua jeung nyaho kana kaperluan ka Allah an , kitu deui kajeun nyaho kabatinan ari teu nyaho ka lahir eta sarua jeung teu BERPANGARTI (mohal nyaho kana dunya-dunya acan).

Ari ayeuna cara maneh, ISUN !, lamun hayang salamet sanggeus nyaho (ngabogaan pangarti jeung budi) , atuh tinggal ngajalankeun bae, sakabeh anu teu wajib aya di Allh ku maneh ulah dijalankeun, Insya Allah tangtu maneh bisa salamet !!!     

ISUN : Sacariosna mama bieu , ku abdi parantos kahartos, yen ayana “NGARAN ISUN” teh sanggeus sim-abdi baleg (boga pangarti sareng budi) sarta eta pangarti keur abdi ngaulaan lahir , mung saur mama bieu  yen abdi kedah ngajalankeun pagawean anu wajib aya di sifat Allah , sareng teu ngawajibkeun pagawean anu teu aya di sipat Allah , tah eta pamugi ku kersa mama diterangkeun deui.

PANDITA : Sukur Isun maneh aya pertanyaan ka mama, ari sababna “MEUREUN” pangna maneh nanya teh aya maksud rek dijalankeun . . . . Tadi geus di terangkeun yen pangarti jeung budi eta jadi parabot pikeun “ngamudi” tujuan maneh kana “kasalametan” – ari kasalametan teh nya nu aya dina “salamet”  -- ari nu “salamet” teh nya eta nu geus jadi “kaulana Gusti” – ari anu jadi “kaulana Gusti” nya eta nu geus bisa “ngaulaan kalawan sampurna (euweuh cawadeunnana = Suci Hade) ka Gustina”.

Ari ayena mah kieu bae Isun , lamun maneh “nyaho” yen Gusti maneh teh ngagaduhan 20 sipat Nu Maha Suci atuh prak bae geura :  

Wujudkeun kalakuan hade, sabab Pangeran maneh “WUJUDNA” Maha Suci.

Heulakeun kalakuan hade, sabab Pangeran maneh “KIDAM” (tiheula) Maha Suci na.

Langgengkeun kalakuan hade, sabab Pangeran maneh “BAQO” (langgeng) Maha Sucina.

Adegkeun ku maneh kalakuan anu hade, sabab Pangeran maneh “MUHALAFAT-ULILHAWADIS”                  (ngadeg ku anjeun) Maha Sucina.

Bedakeun nu wajib jeung nu teu wajib aya di Sipat Gusti , sabab Pangeran maneh   KIAMUHUTAALA BINAFSIHI (beda).

Tunggalkeun maneh jeung kalakuan hade, sabab Pangeran maneh WAHDANIAT (nunggal) Maha Sucina.

Sing kawasa ngajalankeun hade, sabab Pangeran maneh Nu Kawasa (Kodiran) Maha Sucina.

Sing daek ngajalankeun hade, sabab Pangeran maneh Nu Kersa (Muridan) Maha Sucina.

Sing nyaho ka nu hade dipilampah ku maneh, sabab Pangeran maneh Nu Uninga (Aliman) Maha   Sucina.

Hirupkeun anggahota maneh keur ngajalankeun hade, sabab Pangeran maneh Nu Hirup (Hayan) Maha Sucina.

Dengekeun kana kahadean. Sabab Pangeran maneh Maha Suci Ngarunguna (Samian).

Tenjokeun kanan kahadean, sabab Pangeran maneh Maha Suci Ningalina (Basiran).

Ucapkeun kahadean, sabab Pangeran maneh Maha Suci Ngandikana (Mutakaliman)

Ari parabot keur migawena kapan aya di maneh :

     Dat jeung a-dat maneh nu asal ti  kudrat Maha Suci
     Kadaek     maneh nu asal ti iradat  Maha Suci
     Kanyaho   maneh nu asal ti ilmu Maha Suci
     Hirup         maneh nu asal ti hajat Maha Suci
     Denge       maneh nu asal ti sama   Maha Suci
     Awas         maneh nu asal ti basar  Maha Suci
     Ucap          maneh nu asal ti kalam Maha Suci

Jadi lamun maneh nirca (sulaya) nya lampah atuh maneh teh “lain” jadi kaula-ning Allah, tapi nu tangtu jadi Kaula-ning Setan ! ! ! sabab ?

Saha-saha nu sok “ngawujudkeun goreng” kajeun teuing bisa ngadongeng rupa-rupa basa   atawa  maca                                     nanaon oge “tetep” ngarana “teu nyaho” di bener! Nya eta :

    Nu sok miheulakeun  goreng
    Nu sok ngalanggengkeun goreng
    Nu sok ngadegkeun goreng
    Nu sok teu bisa ngabedakeun goreng jeung hade
    Nu sok nunggalkeun goreng
    Nu sok kawasa ngajalankeun goreng
    Nu sok daek ngajalankeun goreng
    Nu sok nyahona ngajalankeun goreng
    Nu sok hirupna dipake ngajalankeun goreng
    Nu sok dengena dipake ngajalankeun goreng
    Nu sok tenjona dipake ngajalankeun goreng
    Nu sok ucapna dipake ngajalankeun goreng

Lantaran kitu anu tangtu “euweuh” hadena, malah sabalikna maneh teh jadi :
                   
    Kawasa ning dina goreng
    Daek ning dina goreng            
    Nyaho ning dina goreng
    Hirup ning dina goreng
    Denge ning dina goreng
    Tenjo ning dina goreng
    Ucap ning dina goreng

Ari goreng teh lain sipat Pangeran tapi sipat Setan, nya kitu deui saha-saha nu ngaulaan Setan, ayeuna oge geusa jadi “Kaula-ning Setan!”  Cindekna sipat setan teu wajib ayana dina sipat Pangeran! Nu matak kumaneh teu wajib dilampahkeun, nu temahna matak cilaka ! ! !

ISUN : Katerangan anu parantos dicarioskeun ku mama bieu, kahartosna ku sim-abdi, sim-abdi teh dikedahkeun (ngagaduhan kawajiban) ngawulaan ka nu wajib di kaulaan ku sim-abdi; nya eta :

                NGALAMPAHKEUN         : 20 SIPAT NU HARADE
                NUMUTKEUN                    : 20 SIPAT NU MAHA SUCI
                NGAJAUHAN                     : 20 SIPAT NU TEU WAJIB

PANDITA : Enya kitu, sabab bongan maneh hayang jadi KAWULANA-ALLAH (Inni lilahi) JEUNG (wa) hayang jadi  KAWULA NU PASRAH (Inna lilahi) sarta TEU PISAH JEUNG GUSTI (Rojiun) – Bongan maneh nyaho sarta geus nga’enyakeun yen teu pisah jeung Kawelasna (Rochman) – Ka’asihna (Rochim) Pangeran oge bet sakieu ngeunah ngeunahna – Komo meureun dina WUJUD RASUL ALLAH nu ngagaduhan sipat Rochman-Rochim mah!

Supaya leuwih terang ku mama ieu dicaritakeun deui :
Pangeran maneh (NU AGUNG) Sifatna 20 “MAHA SUCI” (sagarana suci = pang suci-sucina, pang sampurna-sampurnana) atuh maneh (makhluk) lamun hayang jadi (hayang ngabogaan titel “Kawula Gusti”, nya kudu migawe kalakuan” 20 Sipat Suci “ , sing enya, sing jati, ulah palsu, sing sampurna, ulah aya cawadeunnana  ngawula teh, geura jaga “jasmani” maneh ulah pikateuresepeun, “rochani” maneh ulah ngagerakkeun jasmani kana jalan nu teu suci, kanu teu sampurna! Sabab nu bisa boga pangkat “Kawula” ngan “nu kumawula” ulah ngan di APALKEUN bae parentah teh, tapi kudu di AF’ALKEUN !

ISUN : Sacariosna mama ku sim abdi sadayana kahartos, sareng sim abdi henteu kirang-kirang nya nganuhunkeun rebu nuhun,wireh ayeuna ku sim-abdi kapendak “yen enya” tiasana ngagaduhan titel “kawula” teh sim-abdi kedah migawe pagawean kawula (kumawula tea), -- dupi parabotna nya Jasmani  nu ngawujud di lahir, sareng Rochani nu ngawujudkeunnana pagawean, sim-abdi (Isun) nu nekadkeunnana.

PANDITA : Enya kitu, kapan bareto geuning maneh ku mama diajar ngucapkeun kalimah “Sahadat” nu pihartieunnana Isun Nekadkeun yuen teu aya deui nu disembah (dikawulaan) anging Allah, jeung Isun nekadkeun yen K.N. Muhammad (Kakasih nu geus bisa kumawula) jadi utusannana Allah, lain kitu? Tah ari ayeuna ku maneh geus kapanggih, tur waktu ieu maneh keur aya dina jasmani anu lengkep jeung Rochani-na, geura prak atuh geura tekadkeun, da nu migawena mah lain maneh.

ISUN : Eh yaktos mama, sugan teh satadina mah sim-abdi ngan dipiwrang “ngucapkeun” wungkl, dupi ayeuna kahartosna ku sim-abdi geuning eta teh bet sim-abdi kudu boga tekad sorangan, cindekna mah sim-abdi dipiwarang “migawe perentah” tea, dupi parabotna nya Ruchani nu aya dina “Jasmani.”
PANDITA : His atuh ngan semet ngucap wungkul mah “salah” ari kitu mah budak nu can baleg oge bisaeun, ari ayenan mah da geusa baleg nya kudu “tekadkeun.”

ISUN : Yaktos mama, mung sakali deui sim-abdi tumaros, wireh kapungkur sim-abdi nguping yen hartosna “Kalimah Sahadat” teh kieu :

   1 harti : Isun angawaruhi (nganyahokeun) yen teu aya deui Pangeran anging Allah, sareng K.N.  
   Muhammad teh UtusanNa
   1 harti : Isun anakseni ( nyaksian) sareng
   1 harti : Isun anekadaken (nekadkeun), tah ku margi eta, kumaha eta teh ?

PANDITA : Hih ari maneh, nya eta pangna maneh kudu nganyahokeun teh sangkan maneh ulah salah nya Mangeran , ari parabotna pangna bisa nganyahokeun nya eta ku kanyaho maneh anu asal ti ilmu tea , kapan kieu geura : sanajan sakitu rapetna (estu teu aya antarana) urat beuheung jeung beuheungna , ari geus nyaho mah kapan bisa nuduhkeun anu mana anu disebut beuheung jeung mana anu disebut urat , lain kitu? Jadi lamun maneh teu nyaho mah sanajan dituduh-tuduh oge tetep bae maneh moal nyaho ! Saperti gula jeung amisna oge nu “siga” euweuh antarana , kapan ari geus nyaho mah maneh bisa nyebut gula teh kana wujudna,  nyebut amis teh kana rasana ! ...... Jasmani maneh teu aya antarana jeung Rochani tapi ayena maneh sanggeus nyaho mah meureun bisa nuduh yen jasmani mah nu di-daya upayakeun jeung ari rohani mah nya eta anu ngadaya-ngupayakeun , numatak sanajan sakitu pondokna katerangan mama, sugan ayeuna ku maneh kaharti yen “enyana” maneh teh sanajan rek migawe agama oge kudu “nganyahokeun” sanggeus nyaho tuluy bisa “nyaksian” mana nu di asmaan Allah jeung mana “Rasulna” – Ari geus nyaho sarta geus nyaksian ku kanyaho maneh tea, atuh nya tinggal “NEKADKEUN”-nana . – Migawe nya ku jasmani nu di daya-upayakeun ku Rohanina ; kumaha kaharti ?

ISUN : Sacariosan mama sadayana ku sim-abdi kahartos pisan , malah ngaraos nambihan kanyaho tina per-elmuan , ana kitu pangna ari geus nyaho mah sanajan cai jeung kopi nu geus ngagulung  jadi hiji oge , urang tiasa ngabedakeun  mana anu disebut cai jeung mana anu disebut kopi, nyaeta ku maneh parabot kanyaho tea , ana nyebut cai tangtu kanu ngemplangna sareng nyebut kopi teh kanu ngambangna.

PANDITA : Enya bener kitu, tah ku lantaran eta ayeuna maneh sanajan jauh jeung mama oge , ari geus kanyaho mah teu kudu nanya kanu jauh, geura tanya kanyaho maneh tea nu geus bisa misahkeun hade jeung goreng.  ........Ari guruna pikeun conto geura guruan diri maneh pribadi, saperti : Geuning dimana-mana salah sahiji anggahota maneh meunang kacilakaan sakabeh anggahota maneh  sok milu ngarasa tugenah malah dina silih tulungannana oge tara nunggu diparentah deui , sabab pada ngarasa boga kawajiban mangeran kana wujudna, nya kitu deui wujudna teh manut kana rasana. Contona : Lamun cingir maneh meunang cilaka, katojos atawa naon bae, geuning sakabeh ramo ti sejen leungeun kalawan teu diniatan deui ku maneh kanyaho-kanyahoan geus teu ngarontok, maksudna nulung kanu meunang cilaka tea, meureun maneh ge ngarasa, boh keur waktu kapeureumpeunan , titajong, jeung naon bae, yen enyana sakabeh anggahota milu ngarasakeun jeung tuluy silih belaanana sangkan pada jadi anggahota ulah aya sahiji nu meunang cilaka.....

Tah lamun maneh nggeus ngarti kana caritaan mama anu bieu, sugan sanajan sakitu pondokna cing sing daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, nganteur kanu keueung, turutan cara anggahota anu geus minangka  jadi guru laku lampah, sangkan maneh daek silih pakanyaah , silih pikasih jeung sasama maneh nu pada jadi anggahota (eusina) dunya ieu, da eusina dunya teh saruwa jeung anggahota nu aya di badan maneh.

ISUN : Euh, nuhun pisan mama, sacariosan mama ku sim-abdi bade di teundeun dina embun-embunan sareng satiasa-tiasa ku sim-abdi bade dilampahkeun, mugi-mugi mama kersa ngado’akeun supados sim-abdi dipasihan kakiatan pikeun ngalampahkeunnana.

PANDITA : Ari cara mama mah sanajan teu dipenta oge ku nu jadi murid, ari ngadu’akeun mah estu teu aya eureuna, da ari karisi jeung sempan mah teu suwung-suwung sieun aya salah sahiji nu geus wani ngajalankeun kagorengan, sok sumawonana nepi ka cilaka, da saenyana kagorengan murid teh ari ku teu nyaho mah sok di-sakompet daunkeun  jeung nu jadi guruna, ku lantaran eta mama mihape ngaran mama , maneh sing daek ngajalankeun kalakuan nu harade. Komo lamun maneh geus ngaku jadi umat Nabi, ulah wani ngalampahkeun nu sulaya jeung parentah Nabi, sabab eta oge ku nu teu nyaho mah Nabi maneh teh matak teu aya nu percaya, ana Nabi maneh teu dipercaya , atuh Rasul maneh oge moal dijieun panutan, ana Rasul maneh teu dijieun panutan , Pangeran maneh oge Wujudna moal disebut Nu Maha Suci ....Tah ku sakitu oge meureun kaharti jadi sidik nu salah teh tekad maneh, geus bae Jasmani jeung Rochani oge kabawa goreng , padahal Jasmani jeung Rohani mah ngan wungkul nyumponan kanu boga tekad (nya maneh tea!) . Ana Jasmani jeung Rochani ku maneh dipake goreng , eta sarua jeung maneh ngagogoreng ka Pangeran maneh , ana ngagogoreng ka Pangeran maneh, atuh maneh teh teu Syahadat , upama maneh teu Syahadat, atuh moal bisa kasebut bisa Solat, Zakat Pitrah sumawona, Puasa komo, boro raah bisa ngaji rasa batur, rasa sorangan oge te kaaji , atuh ana kitu mah maneh teh (lamun ngalampahkeun goreng ) munggah jadi hijina oge tangtu jeung Setan !

ISUN : Kahartos mama, kahartos ....Nuhun mama, nuhun !

PANDITA : Sukur ari geus kaharti mah, ngan ayeuna panutup carita mama, ieu mama rek carita saeutik, itung-itung pibekeleun maneh satungtung jauh jeung mama bisi aya nu ngolo-ngolo , nu maksudna ukur nipu kana kaayaan maneh , nyaeta jalema nu sok wani tudah-tuduh atawa umaku pinter , majar geus panggih jeng Allah nerangkeun eusi swarga ku hayangna di percaya. Sawajibna maneh ulah rek ngaduwan, nyempad kana caritana bisi manehna teu ngeunaheun , ngan satungtung maneh nyanghareup geura tanya diri maneh, kanyaho nu tadi tea, sina nguji caritana, akal pikiran deukeutkeun, sangkan nyaksian salah benerna, mun teu kaharti ku akal, teu asup kana pikiran eta ulah percaya.

ISUN : Ari tina perkawis eta mah sugan ti ayeuna kapayun upami aya nu kitu , sacariosan mama maksad bade dilampahkeun.......Mung sakalian tumaros mugi mama ulah kapambeng nya kersa masihan pituduh ka sim-abdi.

Kumaha bentena “Kaayaan dunya, boh Datna, Sipatna, Af’alna sareng Asmana upami diterangkeun sareng kaayaan Gusti ?”

PANDITA : Ayeuna mah kieu bae sangkan maneh ulah poho, itung-itung nyieun pagawean di lembur, catet iyeu carita mama :

Ari nu lumbrah disebut “dunya” nya ieu sakabeh kaayaan “lahir” – kaayaan “lahir” nyaeta sakabeh kajadian nu make lantaran “seuneu, cai, angin jeung bumi” – ari seuneu, cai, anging jeung bumi nyaeta “NGARAN = ASMA” tina rasa nu geus ngawujud.

Saperti : Rasa panas, kajeun teuing miliunan graad panasna, tapi ari acan ngawujud mah eta “acan” boga ngaran seuneu , sanggeus eta rasa “ngawujud” nya tuluy dingaranan seuneu, jadi anu dingaranan : 
-          SEUNEU , nyaeta Rasa pana nu geus ngawujud
-          CAI, nyaeta Rasa tiia nu geus ngawujud
-          ANGIN, nyaeta Rasa hiliwir nu geus ngawujud
-          BUMI, nyaeta rasa tetep nu geus ngawujud

Jadi :  Wujudna “Rasa panas” eta DATNA seuneu. Sangkan ulah hese nerangkeun “beureum eta SIFAT na seune. Ngaran kumaha basana ba, eta ASMA na seuneu. Nu nyahoeun nya jadi AF’AL na seuneu. Nya kitu deui :

Wujud Rasa tiis eta DAT na cai, Bodas eta Sifatna cai, Ngaran (kumaha basana bae) eta ASMA cai, Nu nyahoeun nya eta jadi AF’ALNA eta cai.

Wujud Rasa nu Ngahiliwir eta DAT na angin, Koneng eta SIFAT na angin, Ngaran (kumaha basana bae) eta ASMA na, Nu nyahoeun  eta AF’AL na angin.

Wujud Rasa tetep eta DAT na bumi, Hideung eta SIFAT na bumi, Ngaran (kumaha basana bae) eta ASMA na bumi, Nu nyahoeun eta AF’AL na bumi.

Tah kitu ari katerang mama tia,” Dat, Sifat, Asma, Af’al na” lantaran nu jadi Dunya, ari geus jadi dunya mah tuluy jadi deui rupa-rupa kajadian anyar, nu aya Dat tan (Wujudan), Sipatan (Rupaan), Asmaan (Ngaranan), ari Af’al na ku nu” nyaho” deui bae.

Ari Rasa-rasa nu diterangkeun tadi eta kabeh “mun teu salah” asal ti : “ Rasul Allah.”
Ari DATNA       Pangeran nya eta “Wujud” Rasul-Allah
Ari SIFATNA    Pangeran nya eta Rochman-Rochim
Ari ASMANA    Pangeran nya eta Kumaha basana bae
Ari AF’ALNA    Pangeran nya eta ku kawula-Na, nya eta Nu Suci = Sampurna ngawulana

Ku katerangan nu bieu , tur sakitu saeutikna, suga engke ku maneh di lembur bisa leuwih luas dihartikeunnana, yen “enyana” sakabeh.

Wujud dunya jadi kanyataan ayana Wujud Allah.

Rasa dunya jadi kanyataan ayana Rasul Allah.

Sarta engke lamun geus kaharti bener, sugan tuluy maneh nurutan kana laku lampahna “anggahota” maneh nu jadi “jiwana” badan maneh, silih-pikawekas, silih-pikaasihna, silih tulungannana dina waktu meunang papait, sakanyeri-sakagenah , geuning waktu salah – sahiji  anggahota, boh leungeun atawa suku, panon atawa ceuli, j.s.t.e. pinanggih jeung kanyerian, bet sakabeh anggahota nu jaradi jiwa-badan maneh pada ngarilu tugenah, sarta meureun geus kaharti yen reugreugna badan maneh teh lamun Anggahota nu jadi jiwa maneh eukeur aya dina kasalametan, ari jalanna salamet nya eta lamun anggahota pada boga kawajiban, “ silih-jaga, silih-riksa” sangkan ulah pinanggih jeung kacilakaan  (kagorengan). – Nu matak lamun maneh geus ngaharti bener, yen Cageur Anggahota maneh, bageur kalakuan maneh eta matak salamet. – Sugan ari aggahota maneh salamet mah tuluy maneh bisa jadi anggahota nu hade tina “Dunya iyeu nu gede”, sabab badan maneh teh samestina milu jadi tur nyalametkeun nu jadi “jiwana dunya iyeu nu gede”, prak-prakanana nurut (“miconto”) sacara kalakuannana aggahota nu aya di dunya maneh nu leutik (badan) tea.

Sakali deui ieu mama nerangkeun : “Yen saenyana sakabeh nu aya di dunya ieu nu gede teh jadi “anggahotana”  ari anggahota teh nya jadi jiwana ! Nu matak lamun ngajalankeun goreng, eta maneh lain ngan ngaruksak kana kapercayaan diri maneh bae, tapi sarua jeung ngaruksak kana kapercayaannana dunya ieu nu gede ! jadi ayeuna:   “geura nyaah ka diri”  -- “gera nyaah ka Dunya”  “ geura pandang diri batur, sing cara ka diri maneh sorangan ! “ – sabab saha-saha nu teu nyaah kana dirina (resep ngalampahkeun goreng) eta sarua bae ngotoran dunya iyeu nu gede !

Ngan sakali deui itung-itung panutup obrolan urang ti tadi kahayang mama :
-          “Anggahota maneh sing mulus (ulah cawadeun jeung sehatna), ari anggahota  eta teh jadi jiwana badan,
-          mun anggahota maneh teu mulus, jiwa maneh tangtu jadi kalang-kabut,
-          badan maneh nu tangtu ngarasa rugi !”
-          Sabalikna mun badan maneh salamet,
-          badan teh bakal bisa dei jadi anggahota dunya gede,
-          ari anggahota teh jiwana tea, sarta jiwana dunya gede gumantung ka anggahota nu marulus,
-          tapi lamun maneh teu salamet (jahat), dunya gede oge ku “ayana” maneh teh, tangtu milu ngarasa rugina......

ISUN : Kahartos pisan, mung mugi-mugi bae sim-abdi dina enggon-enggoning dijasmanian sareng di rochanian di dunya gede ieu teh sing aya gunana kangge dunya katut eusina.

PANDITA : Puguh bae, sabab di dunya ieu teh urang sarerea ngan ibarat nu keur tooneel (ngalakon) dina luhur panggung kamedi, bari ngarigelkeun (ngamaenkeun) sapakean-sapakeannana, ku lantaran eta geura turut sarta kanyahokeun kumaha pipanteseunnana jasmani maneh di daya upayakeunnana di dunya gede ieu, sangkan ulah kacawad ku dunya jeung pangeusina, tur ulah ngalanggar kana paraturannana nu geus ditetepkeun ku Drigama jeung Agama, nya eta :

Mun maneh make jasmani manusa, geura lampahkeun kamanusaan.

Mun maneh make pakean haji, geura lampahkeun kahajian.

Mun maneh ditiung, geura ditiung ku lampah nu harade.

Sabab ti badan nepi kana pakean eta geus mere pagawean ka maneh, sarta pikeun maneh nyusurupna nya-eta ku kanyaho maneh tea.

Karena lamun maneh teu nyaho, kumaha engke dina luhur panggung, ari pakean cara (dijieun) ki-kiaian ana prak laku lampah siga anak muda (budak ngora), atuh anu tangtu  nu lalajo oge teu resepeun , lantaran ku teu surup tea, komo ari cara anu jadi tooneel-directeurna mah, tarakadang maneh moal dijieun anggahota (panggawe) deui tina ena tooneel.

Kumawula ka Gusti oge eta teu sabaraha bedana, numatak geuning ku aksara BISMILAHI (pamuji ka Gusti) oge sok dimimitian ku ALIF heula, sigana bae eta ngandung maksud nu kieu hartina: Samemeh nyebut asma Pangeran teh samistina mah kudu lempeng heula patekadan, sabab lamun teu lempeng nya lampah mah sanajan muji ku ucap ka Gusti taya eureuna  oge, eta teh taya gunana....., ku lantaran eta samistina kudu boga curiga, sacara urang ka nu jadi dunungan geuning sok boga sieun aya kasalahan lampah atawa pagawean , tampolana eta kasieun teh sok kabawa ka imah, cing atuh ka Pangeran oge sing nepi ka kitu, ulah ngan nyuriga sieun teu kapake ku dunungan bae, sieun barang aya nu maling bae, tapi sing boga oge curiga sien KUMAHA lamun Rochani nu ngusik-malikeun jasmani urang ninggalkeun? Kapan eta nu mahal hargana teh. Malah ceuk nu nyanyahoan mah Rochani nu aya dina badan urang teh beunang oge diibaratkeun swarga urang di dunya anu leutik. Sarta karaosannana taya tandingna, ibarat widadarina, hayang majik teh salawasna.

Tapi palebah dieu mah mamameta maaf nu dicaritakeun bieu  teh ngan” ibarat” bae. Lain swarga enyaan atawa widadari enyaan, ari nu enyaan na mah, walahu .......geura pikir bae ku maneh.

Sanajan ngabogaan dunya oge, kumaha lamun teu boga pangawasa ?
Sanajan ngabogaan dunya oge, kumaha lamun teu boga kadaek ?                                           
Sanajan ngabogaan dunya oge, kumaha lamun teu boga kanyaho ?
Sanajan ngabogaan dunya oge, kumaha lamun teu boga hirup ?
Sanajan ngabogaan dunya oge, kumaha lamun teu boga denge ?                                             
Sanajan ngabogaan dunya oge, kumaha lamun teu boga tenjo ?
Sanajan ngabogaan dunya oge, kumaha lamun teu boga ucap ?

Jeun kumaha cing raosna ?

Aya rasa nu nandingan ?

Sugan ari kumaneh geus kaharti yen enyana rochani teh hargana leuwih mahal ti batan kaayaan dunya nu sakieu gedena, tur euweuh hiji toko anu bisa ngajuwal, sugan geugeuy maneh moal arek migawe hiji pagawean  nu temahna matak nyilakakeun ka batur nu jadi sasama maneh hirup, sumawonna keur diri maneh pribadi.
.......................................................................................................................................................

Keur nuju raraosna garunem catur, ngan “trung” bae kohkol di Kaum, di tema ku sora kohkol-kojkol di unggal langgar, nawiskeun wanci geus Asar, nu adan pating careluk muji Asma nu Agung, Gusti Allah anu Murba, ngajak mangeran ka Allah, tur manut ka Rasullulah , salat nyembah ka Hyang Suksma, nu jadi sembaheun saalam kabeh, nu masihan fahla ageng nu karaos ku sadaya, nu pantes disebut akbar, sareng estu teu aya deui Pangeran nu wajib dikawulaan, kajabi Wujud Anjeunna.
.........................................................................................................................................................

PANDITA : Aeh, geuning ieu teh geus Asar, hayu atuh urang netepan heula, rasa mama mah urang ngobrol teh can lila, mana horeng ieu geuning meujeuhna urang areureun heula, tapi sakitu deui sakalian bae mama rek nanya, naha maneh teh rek balik iraha ?

ISUN : Upami kawidian mah maksad bade engke bae sabadana netepan, ari margina sim-abdi di lembur dinten enjing teh gaduh maksad bade ngawitan tandur ..... dupi binih anu ti salira, ku sim-abdi sakabawana bade dibawa bae, sareng kapayun bilih aya kakirangan mugi mama kersa masihan deui.

PANDITA : Taya halangannana ari ku maneh rek dipelakkeun mah, ngan pamenta mama : “sing bener jajarannana, sing ati-ati nya ngajagana, ma’lum usum hileud, ari hileudna teh nya eta babakuna nu nomer hiji anging makhluk nu sirik-pidik , gawena upat-simuat, caritana kitu-kieu tapi teu maksud menerkeun , malah anggur ngagorengkeun nu lempeng ge di pengkolkeun , ni kitu mending pek ingkeun. Sabab lamun dilawanan, carita jeg siluman, ka urang sok molototan, rasana bener sorangan.

Palebah dieu sing sabar teh, turutan tuh sakabeh tatangkalan nu jadi eusina ieu dunya, naha aya hiji tangkal nu buahan lain buahna, daunan lain daunna , kembangan lain kembangna, enz ?.................. Geuning tuh kalapa, tangkalna kalapa buahna kalapa malah sagala-galana oge kalapa, nu sejen ge kitu deui !..... ......

Jeung sakabeh , hirupna teh estu berguna keur sakabeh mahluk anu ngareusian dunya gede  ieu, contona tina tatangkalan jeung bubuahan nu ngareunah nepi ka tatangkalan nu ngandung racun pisan eta berguna . . . karena lamun teu aya nu karitu , kamana sarina ieu dunya surupna? Mohal sugan ari kalapa  atawa racun mah surup ka maneh !!! Sari buah kapan surupna ka buah deui. Haseum, amis, peuheur, enz. Kapan puguh surupannana ! .... Nya kitu ayeuna maneh, gera petakeun kanyaho, sing surup ka adeg maneh, da maneh ge bangsa mahluk, nu wajib jadi kawula, tur saeutik-eutikeun geus nyaho :

NAON HARTINA
I L M U ?

NAON HARTINA
ILMU ?
Mun Isun nyaho ka diri,
Sugan moal hiri dengki,
Malah loba suka seuri,
Ngumbara di alam Mulki,
Mulki teh bejana dunya,
Nu peutingna nanding beurang,
Matak Isun sing karunya,
Ka sasama nu teu terang,
Bejaan geura bejaan,
Ulah resep maseaan,
Mun puji Isun enyaan
Tangtu miceun kasatoan
------------------

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Ngening