Man arofa nafsahu faqod arofa robahu
Sundana: Saha-saha nu geus nyaho kana dirina sorangan, tangtu nyaho ka pangeranna.
Waman aroba robahu faqod jahilan nafsahu
Sundana: Jeung saha2 anu geus nyaho ka Pangeran, tangtu ngarasa bodo dirina, karana tangtu kaharti si jasad moal bisa usik malik lamun teu didaya upayakeun ku Pangeran.
Sidik ieu si jasad teh ulah ngaji kitab anu keuna ku ruksak bae, tapi kudu ngaji kitab anu langgeng, kapan ceuk hadis oge kieu;
Iqro kitabaga kafa binafsika alyaoma alaeka hasiba
Sundana: Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng nyaeta kudu ngaji kitab anu aya dina diri maneh sorangan, geura teangan qodrat iradatna Pangeran dina diri sorangan, karena leuwih nyata kakawasaanna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata ilmuna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata hirupna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata tingalina Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata danguna Pangeran teh dina diri sorangan, jeung leuwih nyata pangandika Pangeran teh dina diri sorangan, karana ceuk dalilna oge;
Wahuwa maakum aenama kuntum
Sundana: Allah ta’ala teh ngabarengan bae ka umat2na sakabeh, dimana bae aya, aing didinya aya, tapi sategesna ngaran dibarengan ku Allah ta’ala teh, nyaeta qodrat-irodatna, jeung ku ilmuna, kapan sidik dina sifat dua puluh oge geus ngarangkep-rangkep;
Saperti :
Hayat jeung Hayan, Hayat hartina hirup; Hayan anu hirup.
Sama jeung Samian, Sama hartina dangu; Samian hartina anu ngadangu.
Basar jeung Basiran, Basar hartina awas; Basiran hartina anu awas.
Kalam jeung Mutakaliman, Kalam hartina ucap; Mutakaliman hartina anu ngucap.
Qodrat jeung Irodat, Qodrat hartina kawasa; Irodat hartina anu ngersakeun (kersa).
Naon anu kawasa dina diri urang teh? Teu aya deui liyan ti Hirup buktina geuning bisa usik. Irodat hartina karesa nyaeta buktina;
Panon bisa ningali
Cepil bisa ngadenge
Pangambung bisa ngangseu
Baham bisa nyarita
Tuh geuning sidik teu pisahna teh, ayeuna mah atuh ngan kari teangan barangna bae, siga naon sifatna qodrat atawa hirup teh, siga naon sarta wajib kapanggihan supaya bisa kaharti jeung karasana, ulah percaya ceuk beja , kudu yakin ceuk sorangan .
NERANGKEUN HARTINA IMAN JEUNG MARIFAT
Ari iman teh hartina percaya, marifat hartina nyaho. Geuning beda iman jeung marifat teh, ana kitu atuh urang percaya ayana Allah teh kudu jeung nyahona (marifat), upama teu jeung sidikna mah atuh imanna iman taqlid, jadi ngakuna parcaya ayana Allah teh, ceuk beja batur, atawa meunang beja tina kitab bae, jadi anu kitu paham teh sarerea, iman ka Allah teh semet percaya kana ayana bae, pedah aya dadamelannana bumi jeung langit, atuh ana kitu mah sumawona nu nyekelan agama Islam, kapan anu nyekelan agama sejen2 oge pada parcaya; pada percaya kana ayana Allah ta’ala mah, atuh naon bedana agama Islam jeung agama-agama sejen? Pedah eta kitu agama Islam mah ayarukunna, 1 Sahadat, 2 Solat, 3 Zakat, 4 Puasa, 5 Munggah haji? Kapa dina agama sejen oge pada aya sahadatna, pada aya solatna, ngan beda patingkahannana jeung bahasana wungkul, maksudna mah tangtu sarua, kapan tadi ge agama Islam teh pang luhung2 na ti agama2 anu sejen, da kapan kieu dalilna ge:
Al insannu sirri waana sirruhu
Sundana: Rasa Muhammad teh nya rasa Allah, rasa Allah nya rasa Muhammad, tegesna kanyaho Muhammad nya kanyaho Allah. Aya deui ceuk hadis;
Ila haqqo billa haqqin, Illa haqqin billa haqqo
Sundana: Muhammad teh hak Allah, Allah hakna Muhammad, tah kitu anu matak agama Islam teh disebut pang luhur2na teh, lantaran pang parek2na ka Allah ta’ala, moal aya Allah lamun teu aya Muhammad, moal aya Muhhamad lamun teu aya Allah, tegesna moal aya sifat lamun teu aya Dat, moal aya Dat lamun teu aya Sifat,anu matak Kanjeng Rasulullah disebut Panghuluna Rasul, jeung disebut babuna roh sakabeh, jadi agama Islam pang disebut pangluhurna eh nyaeta kusabab aya hak marifat ka Allah ta’ala, kapan bukti Kanjeng Rasulullah tiasa Mi’raz, barang ka beh dieuna mah, Kanjeng Gusti Syarif Hidayat kutup Cirebon, mi’razna teh tiasa tepang sareng hakekatna Kanjeng Nabi Muhammad sollahu alaihi wasalam, nyaeta disebut Johar Awal tea, tegesna Sifat anu Maha Suci, saur para Wali mah sajatine hirup, atawa sajatining Sahadat, nyaeta gulungna Dat jeung sifatna anu Maha Suci.
Jadi sanajan urang oge upama bisa kapanggih mah jeung Wali, Insya Allah bisa tepang sareng hakekatna Rasululloh, samangsa2 geus bisa tepung jeung hakekatnna Rasulullah, kakara urang diaku umatna, samangsa-mangsa geus diaku Rasululloh Insya Allah engke bakal dicandak kana kasalametannana anjeuna, nyaeta kana kasucian, upama teu acan terang kalawan yakinna ka Rasulullah, boh kana majajina, bo kana hakekina, tur acan sah urang ngaku jadi umat Rasulullah teh, karena dina rukun syahna maca sahadat, geus diterangkeun dina kitab :
1. Kudu netepkeun heula Datna Allah ta’ala
2. Kudu netepkeun heula Sifatna Allah ta’ala (20)
3. Kudu netepkeun heula Asmana Allah ta’ala (99)
4. Kudu netepkeun heula sarta sidik heula ka Rasulullah.
Tah geuning kitu syahna maca sahadat teh, geuning kudu sidik heula ka Rasulullah, upama teu acan nyaho kana sifat2na, sabab basa netepkeun teh kudu puguh heula barang2na anu ditetepkeunnana, geuning kitu satementemena maca kalimat ssahadat teh, lain da rapon nyebut bae, karana ari darapon nyebut bae mah budak lembut oge pada bisa, numatak wajib jeung nyahona, sabab upama teu jeung nyahona mah ibarat urang maca programna bioskop anu rame tapi teu jeung lalajona, naha jadi kanikmatan ka urang. Kitu deui sanajan teu jeung maca programna tapi lalajo datang kana tempatna eta bioskop, naha utama mana? Utama anu maca programna atawa utama anu lalajona?
Kitu deui dina bab agama (ilmu) anu ngaos atawa anu ngadangukeun kana ieu kitab, ulah gancang teu percaya, ulah gancang nga lain2 , karana ieu jaman geus ahir, pikiran jalama geus naraek, geus teu pati hayang dibobodo , jalma ayeuna mah disagala rupa, hoyong ngarasa hoyong yakin, sing inget kana babasa kolot baheula, batu turun keusik naek, teu halangan mungguhing kawenangan Allah, si kolot jadi bodo, si budak jadi pinter, jeung kudu inget mungguh ilmuna Rasulullah teh aya opat pangkat nyaeta :
1. Ilmu Sareat
2. Ilmu Tarekat
3. Ilmu Hakekat
4. Ilmu Marifat
Dina jaman ayeuna mah ilmu marifat anu diarudag-udag teh, hayang sidik ka Allah ka Rasulullah da bongan aya dalilna:
Wabud robaqa hatta yatiyakal yakin
Sundana: Nyembah ka Allah teh kudu sidik kalawan yakin, supaya sah Datna sah Sifatna, sah Asmana, sah Afngalna, enggoning ngumbara di dunia teh sing tepi ka ngarasana, teu pisahna jeung Allah jeung Rasulullah, sa mangsa2 geus teu ngarasa pisahna jeung Allah jeung Rasulullah beurang kalawan peutingna, sugan urang goreng patekadan, goreng laku seperti sirik, pidik jail kaniaya kasasama mahluk Allah ta’ala, karana tangtu ngarasa isin na, lantaran ngarasa diponcohok beurang kalawan peutingna ku Pangeran, sagala hal moal bisa disumput salindungkeun deui, jeung sagala hal kalakuan naon bae, moal pake ujub ria takabur, karena ngarasa geuning diri urang teh teu aya kakawasaan, estu apes, hina, doip, bodo, bisa so teh aya rizki pagawean bisa jadi sihoreng kalawan pitulungna anu Maha Suci, nyaeta ku kodrat irodatna anu kawasa.
Jadi ayeuna bisa oge ditetepkeun sa mangsa2 jalma make keneh kalakuan sirik pidik jail kaniaya kasasama mahluk Allah ta’ala, boh dinu maksiat, boh dilebe, boh disantri, boh di kiai pisan, ciri2 eta jalma can ngarasa deukeutna jeung Rasulullah sumawona jeung Allah ta’ala, sa mangsa2 teu ngarasa deukeut jeung Pangeran, tangtu laku jeung tekadna cicing dina ujub ria takabur, sok ngaku pinter aing henteu deungeun, ngaku bisa aing henteu deungeun, ngaku bener aing henteu deungeun, ngaku aing bisa ngaji henteu deungeun, ngaku Islam aing henteu deungeun, jadi jalma anu kitu teh ngaku boga qodrat irodat sorangan bae, teu narima kana qodrat irodat Pangeran, jadi ngarebut atawa mapadeni kana kakawasaannana Allah ta’ala, kapan henteu gampang urang ngaku Islam sumawona tadah tuduh ka batur, si itu Islam si itu kapir, karana Islam kapir anging Gusti allah anu uninga jeung anu baris netepkeunnana. Kieu katerangannana:
BAB ISLAM
Ari tegesna Islam teh suci, beresih tina sagala kokotor. Naon anu jadi kokotor? Teu aya liyan anging napsu, kusabab eta saha jalmana di dunia anu teu boga napsu? Sumawona dina jalan maksiat, sanajan ahli agama oge, pada katetepan napsu, komo deui anu make sirik pidik ujub ria takabur, sanajan napsu hayang kana dunia oge geus kotor bae, kieu katerangannana;
Sategesna ari Islam teh teu dua teu tilu, estu ngann hiji2na malah keur ngan sahiji teh Gaib, nyaeta sategesna sifatna Islam teh Nur, tah eta anu teu katetepan napsu teh, sabab tadi geuning urang keur aya dina alam Nur mah, teu boga napsu, hayang naon2, kitu deui anu Islam teu dua teu tilu da ngan hiji2na, nyaeta Kanjeng Rasululloh, tuh geuning jalma mah teu kabagean pangkat Islam, jalma mah ngan saukur jadi umatna wungkul, tapi anu tepi kana pangkat umat oge sarebu hiji, karena bangga, sabab kudu nyaho heula ka Rasulullah jeung ngalakonan parentahna, lolobana mah ngan ngaku2 wungkul, sumawona nyaho ka Rasulullah nyaho ka Rasulullah kana parentahna oge loba anu teu ngalakonan, kapan dina rukun Islam oge diwajibkeun jarah ka Madinah ka pakuburannana Kanjeng Nabi Rasulullah, jeung ka Baitullah, hakekatna kudu terang kana hakekatna Rasulullah jeung karaton Allah ta’ala anu aya dina diri sorangan. Kapan aya dalilna;
Qullu umatin warusulihi
Sundana: Dina sakabeh umat pada katetepan Rasulullah, hartina rasa ka Allah.
Kusabab eta perlu urang panasaran, wajib nganyahokeun kana hakekatna Rasulullah nu aya dina badan sorangan, peupeuriheun jarah ka Madinah ka Mekah teu bisa, kapan tadi oge aya dua rupa munggah haji teh, nyaeta haji majaji jeung haji hakeki. Ari haji majaji nyaeta anu bisa jarah ka Baitullah jeung ka Madinah, ari haji hakeki mah nyaeta anu geus nganyahokeun kana hakekatna Baitullah jeung hakekatna Rasulullah dina diri sorangan, karana Rasulullah teh henteu pupus, upama pupus mah alan dunia oge moal aya, kapan geuning Kanjeng Gusti Syarif Hidayat oge tiasa tepang kujalan Tarekat, jadi sanajan urang oge upama hayang jadi umat Rasulullah kudu bisa nyaho kana hakekatna Rasulullah nu kasebut Johar Awal tea, sing kapanggih kana tarekatna leleberannana ti para Wali.
NERANGKEUN UMAT RASULULLAH
Ari umatna Rasulullah teh haq – haqna mah ngan aya opat nyaeta:
1. Sahabat Abubakar Sidik
2. Sahabat Umar
3. Sahabat Usman
4. Sahabat Ali
Sabab eta anu opat anu sagulung sagalang beurang peuting jeung Rasulullah sarta didamel (utusannana) Rasulullah, tapi ayeuna sarerea oge meureun terang yen eta sahabat anu opat teh geus parupus Majajina mah tapi hakekatna mah teu pupus, aya di badan manusa, kapan Rasulullah oge hakekatna aya di manusa.
1. Hakekatna Abubakar nyaeta Paningal
2. Hakekatna Umar nyaeta Pandangu
3. Hakekatna Usman nyaeta Pangucap
4. Hakekatna Ali nyaeta Pangangseu
Eta paningal, pangucap, pangdangu, pangangseu teh gaib kabeh teu aya rupana, tah eta hakekat Sahabat teh, anu matak eta sahabat anu opat kudu dikanyahokeun kana hakekatna Kanjeng Nabi Muhammad SAW, jeung kudu jadi hiji sing bisa ngarasa babarengannana beurang peuting jeung Rasulullah, tetep anu jadi umatna, tiap2 geus jadi umatna tangtu engke bakal disampurnakeunnana di datangkeun ka Gusti nu Maha suci (asalna) upama teu nyaho ayeuna mah ka Rasulullah sarta teu ngarasa ngahijina engke oge pipisahan bae, nyawa urang moal salah deui tangtu balik deui ka dunya marakayangan jadi jurig, setan siluman atawa nitis menitisna deui ka jalma atawa ka sato, sa mangsa2 manusa balik deui ka dunya tetep bakal cilaka asup ka naraka.
Engke dina kiamatna ieu alam dunya, karana ayeuna nyawa2 manusa anu marakayangan tegesna anu teu bisa baralik deui ka Allah, ceuk basa ayeuna mah keur di prevetif, aya di alah Barjah, tunggu landrat, engke bakal inget aya landratan anu leuwih gede dina yaomal ahiri (qiamatnna ieu alam donya)
NERANGKEUN RUKUN IMAN ANU KA GENEP NYAETA
Walqodri choerihi wassarrihi minalohi ta’ala
Sundana: Untung ala untung becik papasten ti gusti Allah ta’ala, atawa hade goreng ti allah ta’ala, lebah dieu urang percayana teh ulah kaleru, kudu dipikir dilenyepan, karena tadi Gusti Allah teh sifat Maha Suci, piraku anu Maha Suci bakal nyiksa, make ngaganjar di aherat, jadi ana kitu mah Gusti Allah ngadamel manusa teh ngala paedah, karana rek ngaganjar jeung rek nyiksa, lamun kitu mah moal tulus sucina teh, tapi urang kudu parcaya ka dalil, urang kudu parcaya ayana Sorga jeung Naraka atawa ngeunah teu ngeunah di aherat, karena ayeuna oge di dunya kembangna geus karasa, aya ngeunah jeung teu ngeunah, tapi eta Swarga Naraka teh ti Allah ta’ala tapi sategesna tina tekad ucap jeung pamolah urang waktu di Dunya, sabab tadi Gusti Allah ngadamel manusa teh sakali jadi, henteu nuntut deui, geus qun fayakun, breg sama sakali cukup teu aya kakurangannana, tapi maparin cukup teh, nyaeta maparin parabotna wungkul, naon parabot ti Allah teh? Nyaeta anggahota saperti leungeun dua, suku dua, panon dua, ceuli dua, irung, baham, jeung nafsu nu opat perkara, nyaeta Amarah, Loamah, Sawiyah jeung Mutmainah.
Kieu dawuhan Allah ta’ala, lamun maneh hayang ka Naraka, tegesna hayang kana teungeunah, prak bae geura migawe ala, nyaeta migawe kalakuan anu goreng, da kapan sadia parabotna ti Aing, nyaeta Amarah, Loamah, Sawiah, kitu deui lamun maneh hayang ka Swarga, tegesna kana kangeunahan, pek bae geura migawe becik, hartina migawe kalakuan anu hade. Da kapan geus sadia parabotna ti aing, nyaeta napsu Mutmainah.
Tah kitu ari sategesna mah pangna aya swarga Naraka di dunia sumawona di aherat oge, beunang nyieun tina tekad jeung pamolah urang keur di dunya, kitu deui beubeunangan oge moal keur batur, tetep keur milik urang sorangan, ti Dunya tepi ka Aherat.
Jadi kusabab eta ayeuna urang sarerea mangka ati2, enggoning ngajalankeun parabot ti Allah ta’ala, kudu make budi jeung pamilih anu cukup, ulah ngagunakeun teuing parabot Amarah, Loamah Sawiyah kilang bara ari teu dipake pisan mah, atuh ulah loba2 teuing, sa kurang2na sing loba timbangan jeung ngsgunskeun psrsbot Mutmainah. Karena sing awas eta beubeunangan tina pagawean urang teh, engke di aherat ku Gusti allah bakal ditetepkeun sa beunang2na tina pagawean urang bawa ti pangumbaran nyaeta ti Alam Dunia, sa boga2na moal pahili deui.
Kumaha supaya urang bisa ngalakonan Mutmainah? Teu aya deui akalna lian ti urang kudu bisa nyalindung ka Allah ka Rasulullah, tegesna kudu marifat, tiap geus marifat tangtu ngarasa babarengannana beurang jeung peuting jeung Allah jeung Rasulullah, tiap2 geus ngarasa teu pisah, insya Allah bisa hade ibadahna kalawan sah, Nagara ge tangtu aman.
NERANGKEUN PASAL QUR’AN
Ari Qur’an teh aya opat perkara:
1. Qur’anul Majid
2. Qur’anul Karim
3. Qur’anul Haqim
4. Qur’anul Adim
Ieu Qur’an anu opat perkara teh di surahkeun ku salah sahiji Ajengan kieu ;
1. Qur’anul Majid. Nyaeta qur’an anu aya hurupna, nu umum sok diaraji ku kaum Islam sa alam dunya.
2. Qur’anul Karim. Nyaeta qur’an nu Mulya, buktina keneh bae, qur’an anu aya tulisannana karena eta anu dimulyakeun ku kaum Islam sa alam dunya.
3. Qur’anul Haqim. Nyaeta qur’an anu Agung disebutkeun barangna eta keneh bae, qur’an nu sok dibaraca saba eta anu sok di aragungkeun ku kaum Islam sa alam dunya.
4. Qur’anul Adim. Nyaeta qur’an anu Suci jeung anu langgeng dituduhkeun eta keneh bae barangna nyaeta qur’an anu aya tulisannana, karena eta anu Suci jeung langgeng hukumna ti Dunya neti ka Aherat.
Tah kitu eta qur’an anu opat perkara teh dirurahannana kunu ahli sara, jadi diborong bae kajeun teuing aya opat ngaranna barangna eta2 keneh bae.
Jadi eta qur’an anu aya tulisannana teh dianggap tapekong, karena kapan sidik qur’an eta mah meunang nulis manusa, naha eta anu disebutkeun qur’an anu Mulya, anu Agung, anu suci, anu langgeng, kapan sidik qur’an anu aya tulisan mah keuna ku ruksak, jadi lamun kaum Islam tetep boga patekadan kitu, atuh teu beda jeung agama Cina, sesembahannana kana barang anyar, turug2 anu nyieunna oge anyar.
Kusabab kitu muga dulur2 kaum Islam ulah kaliru, kieu ayeuna kujisim kuring rek diterangkeun, pasal qur’an anu opat perkara teh:
1. Qur’anul Majid. Etamah cocog barangna, nyaeta qu’an mujajaji anu bukti aya aya hurupna nau umum sok dibaca ku kaum Islam sa alam dunya.
2. Qur’anul Karim. Hartina qur’an anu Mulya, sategesna anu ngaran qur’anul karim teh, buktina panangan katut ramo karena kapan sidik jolna eta aksara teh tina tangan jeung ramo, jadi sategesna anu Mulya teh Pananganan katut ramo anu mimita ngadamel eta qur’an, cik saha anu mimiti ngayakeun qur’an, piraku teu bukti tah eta anu mulya teh.
3. Qur’anul Haqim. Hartina qur’an anu Agung, nyaeta buktina teh Paningal, karena panangan jeung ramo moal bisa nulis lamun teu aya paningal, jadi teges2na anu Agung teh nyaeta Paningalna anu mimiti ngayakeun eta qur’an.
4. Qur’anul Adim. Hartina qur’an anu Suci, jeung langgeng nyaeta buktina Hirup, karena paningal tangan jeung ramo moal bisa ngajadikeun, upama teu aya Hirup, jadi sa teges2na Suci jeung langgeng teh, Hirupna anu ngayakeun eta Qur’an.
Kusabab kitu urang ayeuna ngaji teh, lamun hayang nepi kana sucina, lamun hayang nepi kana sampurnana, eta qur’an anu opat perkara teh kudu di araji kabeh, mimiti urang kudu daek maca qur’anul majid, nyaeta qur’an majaji nu aya hurupna, tah eta bagian ilmu Sareat, sanggeus dibaca kudu diteruskeun diaraji nyaeta kudu dihartikeun pimaksudeunnana, sanggeus kaharti pimaksudeunnana, geura teangan jeung pigawe Tarekatna sangkan karasa sabab eta qur’anul majid teh tuduh jalan pikeun nganyahokeun ka Allah ka Rasulullah, jalanna teu aya deui liyan ti Tarekat, nyaeta ku Qur’anul Karim, hartina kudu ngaji pagawean tangan jeung ramo anu sakira bakal tepi ka Allah ka Rasulullah, karena Gusti allah maparin leungeun jeung ramo ka manungsa teh, lain kudu dipake ngajadikeun kana barang dunya anu keuna ku ruksak bae, tapi jeung kudu dipake ngajadikeun jalan keur nganyahokeun ka Allah ka Rasulullah, supaya tangan jeung ramo teh jadi Mulya, karena aya dalilna.
Asobiahum fi ada nihim minas sowaikihadarol mauti walohu muhitun bil kafirin
Kieu pisundaeunnana. Lamun tangan jeung ramo maneh teu dipake nyieun jalan maot, tetep tangan jeung ramo maneh martabat kanu hewan, kapir, tetep bakal ka naraka.
Tina Qur’anul Karim kudu diteruskeun deui kana Qur’anul Haqim, bagian hakekat nyaeta kudu ngaji pagawean paningal urang anu sakira bakal hakim, tegesna sidik kana barang langgeng tea, nyaeta kana hakekatna Allah jeung Muhammad, karana gusti Allah maparin paningal ka manusa teh lain bae kudu ngawaskeun kana barang anyar nu keuna ku ruksak bae, tapi kudu jeung dipake ngawaskeun kana hakekat Allah jeung Rasulullah. Nyaeta anu disebut Qur’anul Adim anu langgeng tea, atawa sifatna Hirup, bibitna Tujuh Bumi Tujuh Langit, sarawuh eusina kabeh tah tidinya oge urang asalna, jadi sategesna ngaran Marifat ka Allah ta’ala teh, nyaeta anu geus nyaho kalawan Hakim kana hakekat Allah jeung Muhammad, tegesna Johar Awal, tapi mangkade kaleru bisi netepkeun Johar Awal teh kana caangna Panon Poe, nu katingal ku panon kapala eta mah Johar pirid, bagian Sawarga Loka (Dewa) tempatna di gunung Himalaya, perkara Johar Awal anu sajati mah nyaeta anu kasebut Johar Latif, tegesna gaib moal katingal ku panon kapala, ceuk dalilna kieu;
Ruyatullohi ta’al fil Duniabiaenil qolbi
Hartina. Ningali hakekatna Allah ta’ala ti dunya ku awasna Ati, tegesna ku hakekatna Rasulullah, sabab sifat jalema mah moal aya nu bisa marifat ka dinya, karena jalema mah ngan saukur dipake tempat keur ningalina Rasulullah ka Allah ta’ala, sa mangsa2 wujud urang geus bisa ningali Rasulullah ka Allah ta’ala tangtu ramo urang bisa nyaritakeun yen geus ngaku nyaho ka Allah ta’ala, lantaran nggeus dibejaan (dipasihan terang) ku Rasulullah jadi urang mah kabawa nyaho, kabawa nikmat ku Rasulullah ti dunya tepi ka aherat, moal sulaya deui lantaran geus tetep jadi umatna, karena ti ayeuna oge geus henteu ngarasa pisahna jeung Rasulullah lantaran wujud teh beurang jeung peuting dianggo bae tempat ku Rasulullah ningali ka Allah ta’ala, sa mangsa2 geus ngarasa barengan beurang peuting jeung nu Maha Suci, insya Allah tekad jeung laku teh, lila2 oge kabawa suci, setan2 moal dareukeut, tapi kitu soteh nu Marifat kalawan Tohidna, ari teu jeung Tohidna mah sulaya bae, sanajan geus boga Tarekatna, teu ngarasa sieun, teu ngarasa isin, jongjon bae tekad jeung lakuna sakama-kama, jadi anu kitu teh marifatna marifat mikung, tangtu di dunya moal meunang safa’at ti Rasulullah, di dunyana moal lepot tina kasusah, kabendon kunu Maha Suci, ibarat lampu dikurungan ku semprong anu kotor tangtu kaluarna oge poek, da kudu suci pasuci-suci, ibarat suci eusina, suci cangkangna, kakara jadi, di dunyana moal lepot tina kanikmatan, di aheratna pon kitu deui.
Kusabab eta kade poma-poma pisan dulur2 anu geus boga jalan ka marifatan, tekad jeung laku anu goreng teh kudu dijaga anu bener, ulah darapon nyaho bae, tapi kudu dibarengan kulaku jeung tekad anu hade, sabab lamun urang ngalakonan kalakuan anu maksiat, ngalanggar hukum Sara, tangtu urang gancang dibendon kunu Maha Suci, anu langkung beurat hukumannana, bongan geus nyaho, beda deui jeung anu teu acan nyaho, saperti di dunya oge upama urang kampung maling hayam, dihukumna ngan ukur didenda atawa dibui saminggu, coba lamun wadana maling hayam hiji, tangtu leuwih beurat hukumannana, jaba dileupas pangkatna teh, jeung bari dihukum tikel dua tilu ti si urang kampung tadi, hukuman bongan geus nyaho kana artikelna, komo anu geus nyaho ka Allah ta’ala mah sing inget perjanjian Guru Mursid, ibadah babarengan doraka pipisahan.
AYEUNA NERANGKEUN MARTABAB ALAM TUJUH
(Nganggo ruyatan anggangna kecap)
1. Alam Ahdiyat hurup Al
2. Alam Wahdiyat hurup Lah
3. Alam Wahidiyat hurup Mu Jadi :
4. Allah Arwah huruh Ham Allah
5. Alam Azam hurup Mad Muhammad
6. Alam Misal hurup A Adam
7. Alam Insan Kamil hurum Dam
Buktina Alam Dunia oge eusina ngan tujuh poe, hakekatna nyaeta tina Alam anu kasebut diluhur, tegesna Alam anu tujuh teh lalakon Allah, Muhammad, Adam sabab eta wajib dikanyahokeunnana ku sa rerea. Upama urang rek nyusul kana asal, sabab lamun teu dikanyagokeun barang2na, atuh tangtu bakal teu nyaho, sabab moal bisa balik deui kana asal, sabab teu kapanggih deui jeung jalana waktu tadi urang turun2na ti aherat ka Alam dunya.
Ayeuna eta martabat alam tujuh teh ku sim kuring rek diterangkeun sarta make ibarat kalawan dibuktikeun ku gambar, supaya gampang dihartoskeunnana.
A. Alam Ahadiat, Martabat nu Maha Suci, Dalilna Datlaesa kamislihi, artina Dat nu teu aya upamana
Bakat kumaha atuh numatak teu beunang diupamakeun teh? Naha bakating ku kawasana atawa bakating ku Agungna, atawa bakating ku Ngan Hiji-hijina. Upama bakating kukawasana kapan dina jaman eta mah teu acan aya dadamelannana, karana ngaran Kawasa teh kudu bukti heula nu didamelna kapan di alam Ahadiat mah sumawona manusa, aherat jeung Alam dunya oge teu acan aya.
Upama bakating ku Agungna, da acan aya hina dina, Alam Ahadiat mah karana aya basa Agung teh saenggeusna aya anu hina. Upama bakating ku hiji2na da kapan teu acan aya dua jaman eta mah, aya hiji teh saenggeusna aya anu loba.
Kumaha atuh pihartieunnana, supaya eta dalil Dat laesa kamislihi teh jadi uni, kitu upamana mupakat mah, numatak Alam Ahadiyat disebut ku Dalil Dat laesa kamislihi, hartina Dat nu teu aya upamana, sategesna nyaeta kubakating suci, hartina bersih teu aya sifat2na acan sumawona jenengannana, naha rek diupamakeun jeung upamana teh teu aya sifatna. Sabab disaksian deui ku Dalil Deli billa haefin, hartina; teu warna teu rupa, teu beureum teu hideung, teu poek teu caang, Billa Maganin; hartina teu arah teu enggon, teu kulon teu di wetan, teu di kaler teu di kidul, teu di luhur teu di handap tah kitu katerangannana, anu matak anu Maha Suci teh teu beunang di upama2, sumawona di enggon2, atawa di tuduh2 di ditu di dieu lantaran kaburu lain, sabab kahalangan ku bukti.
B. Alam Wahdat, Martabat Sifatna nu Maha Suci
Jadi dina Alam Whdat mah nu Datlaesa teh jadi Dat Sifat, rupana caang padang, nyaeta nu kasebut Juhar Awal, Johar hartina cahaya, Awal hartina mimiti, jadi nyaeta nu pang heula2na samemeh bumi jeung langit, sumawona manusa, tah eta Johar Awal teh anu kasebut Hakekat Muhammad tea, kapan ceuk hadis oge Muhammad teh pang awal2na pisan, sabab Johar Awal teh Nur, tegesna Cahayana anu Maha Suci , malah ceuk para Wali mah Sagara Hirup, atawa Sakjatining Sahadat, karana gulungna Dat jeung Sifat atawa Allah Muhammad dina hakekatna.
C. Alam Wahidiyat, Martabat Asmana nu Maha Suci, kajadian tina Johar Awal, Alam Wahdat tadi bijil deui sorotna jadi cahaya opat rupa;
1. Narum cahaya beureum
2. Hawaun cahaya koneng
3. Maun cahaya bodas
4. Turubun cahaya hideung
Jadi eta cahaya anu opat parkara teh anu disebut Nur Muhammad tea, ari Muhammad na mah Johar Awal, barang eta Nur Muhammad cahaya anu opat teh disebutna Hakekat Adam, nyaeta Asmana nu Maha Suci;
Cahaya anu beureum jadi hakekat lapad Alip
Cahaya anu koneng jadi hakekat lapad Lam Awal
Cahaya anu bodas jadi hakekat lapad Lam Ahir
Cahaya anu hideung jadi lapad He
Johar Awal jadi hakekat lapad tasjid
Sareatna nya jadi lapad Allah, jadi eta cahaya nu kasebut di luhur teh, nu ngajadikeun bibit tujuh langit, tujuh bumi sarawuh eusina kabeh, sanajan agama oge asalna ti dinya bae.
1. Ayana Sahadat nyaeta ku ayana Johar Awal
2. Ayana Solat nyaeta ku ayana Cahaya Beureum
3. Ayana Zakat nyaeta kuayana cahaya Koneng
4. Ayana Puasa nyaeta kuayana cahaya Bodas
5. Ayana Munggah haji nyaeta ku ayana Cahaya Hideung
SANAJAN WAKTU SOLAT OGE AYA LIMA WAKTU
1. Subuh bagian Nabi Adam
2. Lohor bagian NabiI ibrahim
3. Asar bagian Nabi Musa
4. Magribh bagian Nabi Isa
5. Isa bagian Nabi Iiabi Muhammad
PERTINGKAHAN SEMBAHYANG OGE AYA LIMA PERKARA
1. Nangtung
2. Takblatul Ihrom
3. Ruku
4. Sujud
5. Lungguh
SAHABAT OGE AYA OPAT KA LIMA KANJENG NABI
1. Abubakar
2. Umar
3. Usman
4. Ali
5. Rasulullah
DI MEKAH AYA IMAM OPAT KA LIMA BAETULLAH
1. Imam Sapei
2. Imam Hanapi
3. Imam Hambali
4. Imam Maliki
5. Baetullah
Tah geuning sidik kabeh oge tina Asmana Allah hakekatna jeung Nur Muhammad cahaya opat perkara ka lima Johar Alam.
D. Alam Arwah, Martabat Af’alna Nu Maha Suci, nyaeta Af’alna Allah ta’ala, ngajadikeun ieu Alam Dunia, kieu ceuk akal mah ngadamelna. Ibarat dina bioskop nyaeta istijradna bangsa Walanda, Alam Wahdat nyaeta Johar Awal teh ibarat listrikna, ari Nur Muhammad Alam Wahdat ibarat kacana;
Narum teh ibarat kaca beureum
Hawaun teh ibarat kaca koneng
Maun teh ibarat kaca bodas
Turubun teh ibarat kaca hideung
Barang eta kaca opat rupa disorot ku Johar Awal, kajadiannana bijil kalangkangna;
Tina kaca beureum jadi seuneu alam dunia
Tina kaca koneng jadi angin alam dunia
Tina kaca bodas jadi cai alam dunia
Tina Kaca hideung jadi bumi alam dunia
Ku kawasa2 Allah ta’ala , bleg bae jadi ieu Alam Dunia, nyaeta Jagad Kabir, jadi sategesna Alam Dunia teh kajadian tina Nur Muhammad.
E. Alam Azam, Martabat Manusa, sanggeusna ngadeg ieu Alam Dunia, Gusti Nu Maha Suci bade ngersakeun deui ngadamel Alam Majaji, terus nimbalam ka Malaekat miwarangan turun ka Alam Dunia, kudu nyokot Aci seuneu, Aci Angin. Aci Cai, Aci Bumi. Gancangna geus beunang eta aci2 anu opat perkara terus didamel:
Aci Bumi kajadian kulit bulu Adam
Aci seuneu kajadian daging getih Adam
Aci Cai kajadian urat balung Adam
Aci Angin kajadian otot sumsum Adam
Bersambung ....
assalamualaikum wr. wb
BalasHapuski lurah hapunteun sa teacana abdi ary ti pandeglang asal na...punten abdi hoyong penjelasan tentang bab syahadat...mung sakitu ti abdi nyuhun di pasihan pencerahan hatur nuhun..
Syahadat teh tegesna Allah ngutus ka Muhhamad : Gerakkeun ieu Adam (raga urang) , maka hiduplah Adam. Dina diri urang anu asal langsung ti Allah teh nya Muhammad (Nur Muhammad), Muhammad nu nyebabkeun diri urang hirup, urang teh aya di jerona Muhammad. Nu nyaho Allah swt nya Muhammad, (Muhammad haq Allah, Allah haq Muhammad). Jadi urang kudu nunggal ka Muhammad supaya bisa nyembah ka Allah supaya bisa balik ka Allah. Kumaha nunggal jeung Muhammad ?, teu bisa ku kecap tapi kudu di jalankeun. Kumaha ngajalankeunnana? Ta'udz (audjubilah hi minas syaitonirojim) abdi Gusti bade nebihan laku nu awon/lakuning setan, tah dipraktekkeun, ulah mung kecap. Terus Bismillahirohmanirohim, praktekna abdi Gusti bade welas asih ka sesama mahluk Gusti, ieu oge dipraktekkeun, di jalankeun, lain ku kecap. Leuwih jelasna mangga di waos Budi Daya Mei Kartawinata di meikartawinata.blogspot.com
BalasHapusRasullulah teh Rasaning Allah , tah urang teh kudu manut ka Rasaning Allah nu aya di batin urang. Sagala laku lampah urang uanggal saat kudu manut ka Rasaning Allah. Rasa keun teangan di dalam diri urang. Jadi kawula na Allah teh kudu manut ka Rasullulah panutan urang, nya ka Rasaning Allah. Eta teh bisa disebut Guru mursid. Guru mursid teh teu aya lian nya Sifating Allah nu 20 tea.
BalasHapus1. Wujudkeun kalakuan hade, sabab Pangeran maneh Wujudna Maha Suci.
2. Heulakeun kalakuan hade, sabab Pangeran maneh "Kidam" (tiheula) Maha Sucina.
3. Langgengkeun kalakuan hade, sabab Pangeran maneh "Baqo" (langgeng) Maha Sucina (dst. baca Budi Daya Mei Kartawinata di meikartawinata.blogspot.com)
naon barangna anu di sebut hirup?
BalasHapusnyuhunkeun penjelasana perkawis masuk tahan keluar napas?
BalasHapus